Friday, 19 May 2017

SASAKALA SANGKURIANG



Sangkuriang

Kacaturkeun di Tatar Sunda  aya hiji karajaan. Ngagaduhan hiji putri anu geulis kabina. Eta putri dinamian Dayang Sumbi. Dayang Sumbi unggal pasosore sok nenun lawon pibahaneun dibaturan ku para dayang di leuweung. Nepi kahiji waktu wayah sarepna. Alat tenunna leupas aya ngacleng ka sela-sela jukut. Para dayang jeung pangawal anu maturan neangan eta alat tenun anu murag ngacleng. Tapi weleh teu aya nu manggih.

Nepi akhirna Dayang Sumbi kaceplosan ngomong, “Saha wae anu manggihan anu alat tenun manehna mun awewe bakal dijadikeun dulur. Mun lalaki rek dijadikeun salaki. Sanajan iabratna nu manggih sabangsa anjing,” pokna bari putus pangharepan pedah alat tenun anu ngacleng teh leungit.ari anggeus Dayang Sumbi cumarita, ngadadak aya angina ngaheos gede pisan. Teu lila, pucunghul aya Sakadang anjing anu hideung lestreng nyamperkeun bari ngagegel alat tenun terus diberekeun ka Dayang Sumbi. Atuh para dayang kabeh ngarongheap barang ningali Sakadang Anjing anu nimukeun alat tenun. Sakadang Anjing siga nu silih teuteup jeung Dayang Sumbi. Eta anjing diaranann Si Tumang.

Tisaprak harita eta Si Tumang kalayan satia maturan Dayang Sumbi uanggal nenun di leuwueng. Nepi kahiji waktu Dayang Sumbi the reuneuh. Bari  teu kanyahoan saha bapakna. Raja kacida ambekna. Dayang Sumbi dianggap mawa aib. Tungtungna diasingkeun ka leuwueng dibaturan ku anjingna nyaeta Si Tumang anu teu weleh satia nepi ka ngalahirkeun. Jabang bayi anu lahir diaranan Sangkuriang. Lantaran dianggap ngabogaan titisan dewa.

Sangkuriang mulai gede. Manehna seneng moro uncal ka leuweung pikeun kadaharan indungna. Dina hiji waktu Dayang Sumbi haying hate daging uncal. Atuh saperti biasana Sangkuriang dibaturan ku Si Tumang mangkat ti imah ti wayah janari ka leuweung. Sangkuriang nyuksruk leuweung nepi ka wayah peuting manehna teu manggihann uncal hiji-hiji acan. Antukna manehna manah Si Tumang nepi ka paeh. Terus dicokot atina pikeun dibikeun ka indungna.

Barang eukeur balakecrakan dahar, Dayang Sumbi neangan Si Tumang. Dasar budak, antukna Sangkuriang jujur yen hate anu didahar ku indungna teh lain hate uncal tapi hate Si Tumang. Atuh Dayang Sumbi ambek kacida. Sangkuriang sirahna ditakol ku gayung batok nepi ka  geutihna ngaley. Terus diusir ti imahna. Lantaran Si Tumang the sabenerna bapana Sangkuriang. Anjeunna Dewa anu dikutuk ka bumi lantaran nyieun kasalahan di khayangan. Anu sabenerna mah geus dicabut kutukanna saprak Si Tumang paeh dipanah ku Sangkuriang, terus anjeunna balik deui ka kahyangan pikeun neruskeun pancenna jadi Dewa.

Sangkuriang kalayan sedih ninggalkeun indungna pikeun ngalalana. Manehna nyuksruk lembur ngaliwatan leuweung. Nepi teu karasa jadi bujangan anu kasep kacida jeung sakti mandraguna. Hiji waktu manehna panggih jeung hiji wanoja kacida geulisna.  Sangkuriang katarik ati kaeta wanoja. Tur eta wanoja oge sarua bogohna. Sangkuriang keur bobogohan kitu menta disiaran ka eta wanoja. Barang disiaran kacida eta wanoja anu sihoreng Dayang Sumbi, indung manehna. Di sirahna Sangkuriang aya pitak rada dekok urut ditakol ku sinduk bakok. Harita keneh Dayang Sumbi menta supaya tong neruskeun hubungan asmarana. Ku Dayang Sumbi diterangkeun yen Sangkuriang anak manehna anu diusir lantaran maehan Si Tumang. Tapi Sangkuriang tetep teu percayaeun.

Tapi Sangkuriang keukeuh ngalamar. Akhirna Dayang Sumbi mere sarat lamun Sangkuriang haying ditarima lamaranna. Sangkuriang kudu nyieun parahu jeung talagana, pikeun lalayaran dina waktu sapeuting. Kudu anggeus samemeh hayam kongkorongok.

Sangkuriang anu sakti mandraguna nyanggupan pamenta Dayang Sumbi. Manehna ngeurahkeun para jin ku kasaktiannna. Nepi ka ukur kejap waktu talaga geus kacipta. Parahu geus anggeus tinggal dilayaran.

Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna. Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung. Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir, Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.

Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat tingarudat.

Sangkuriang nambek parahu anu can anggeus ditajong nepi ka nangkup ke sebrang talaga.  Parahu gede anu nagkub kalayan kasaktian Sangkuriang robah jadi hiji gunung anu nelah disebut Tangkuban Perahu. ***

0 comments:

Post a Comment