Friday 26 May 2017

AJI SAKA

Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda ku 




Kacarioskeun mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung jarang kasorang ku manusa. Aya  hiji karajaan namina Medang Kamulan anu diparentah ku hiji  raja namina Prabu Dewata Cengkar anu buringhas sarta resep neda jalmi. Saban dinten sang raja ngamangsa saurang jalmi anu dibawa ku Patih Jugul Anom. Kaayaan ieu ngakibatkeun rahayat di nagari Medang Kamulan estuning hirup dina kasieun. Nu antukna seueur anu ngungsi ka karajaan sanes pikeun nyalametkeun diri ti Prabu Dewata Cengkar.
Di hiji lembur Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka anu sakti, purah tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun nulungan saurang aki-aki anu nuju dianiaya ku dua begal. Eta aki-aki akhirna ditulungan terus dijadikeun bapak angkat ku Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh salah saurang pengungsi ti Medang Kamulan.
“Janten aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan?” tumaros Aji Saka ka eta aki-aki.
“Sumuhun, Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah ku hiji raksasa anu buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal dinten ponggawa karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus kolot siga aki pikeun jadi mangsa Prabu....,” saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan di nagarana.
Ngadangu  carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata Cengkar, Aji Saka ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita keneh Aji saka indit ka Medang Kamulang.
Nepi ka Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung halangan ti ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung jurig nyiri wuri nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka tarung salami tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna, kulantaran Aji Saka nampik pikeun  dijadikeun budak ku jurig leuweung.
Aji saka anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig leuweung nepi ka eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka neraskeun lalampahanana pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu Dewata Cengkar nuju ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak  korban pikeun kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
“Sampurasun Sang Prabu,” saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
“Rampes.......Haha.....saha andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng matak lapar ieu tikoro aing.....Hahaha...,” Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka anu keur ngamuk ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di hareupeunna.
“Ampun Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade dikumahakeun.....,” saur Aji Saka.
“Bener andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa?” Prabu Dewata Cengkar bari niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka nyingcet, bari pok, “Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa Sang Prabu tapi nuhunkeun syarat!”
“Hahaha..... Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal dikabulkeun ku kaula.... hahaha...,” saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat nahan lapar ningali Aji Saka.
Aji Saka muka sorban anu dipakena, terus saurna,”Syaratna sim kuring nuhunkeun imbalan tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.”
“Tanah karajaan salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah..... Ku kula pasti dikabulkeun...!” Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya asagempa bumi.
“Ampun Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya janten mangsa Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat sim kuring kangge ngukur  tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur diwatesan.... Sumangga sim kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu!” ucap Aji Saka deui.
“Haha......hayu ayeuna keneh ku kaula diukurkeun....,” Sang Prabu bari nyandak sorban Aji Saka pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan. Eta sorban terus manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban ngaleuwihan tanah Karajaan Medang Kamulang.  Prabu Dewata Cengkar kontan ngamuk kulantaran ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu Dewata Cengkar ngamuk, ujug-ujug aya angin gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban Aji Saka meulit awak sang Prabu, nepi ka sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta sorban. Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah sang Prabu nepi ka meulit kadua leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang Prabu teu bisa kukumaha.
“Auwwww......,” teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara laut kidul anu ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg ombak gede tilelep ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui. 

Kajadian ieu, estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang. Lantaran sadaya rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun ku rahayat pikeun mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti saprak harita Karajaan Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera. 

0 comments:

Post a Comment