Di hiji leuweung, kacaturkeun aya
Sakadang Anjing anu nyobat dalit kacida jeung Sakadang Bagong. Saking nyobatna
eta dua sato teh kawentar kamamana bareng, ceuk paribasana mah geus siga jeung
dulur. Dimana aya Sakadang Anjing, didinya aya Sakadang Bagong.
Dina hiji waktu, tengah peuting
jemplang-jempling. Ujug-ujug Sakadang Anjing babaung bari teu puguh sabab.
Sakadang Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar.
“Heh Andika nanaonan make babaung
sagala…? Ieu teh tengah peuting…,”
Anjing anu keur sedih kinkin dikitukeun
kacida nyerieun hatena. Komo atuh da Sakadang Bagong teu sidikna nyarekanan
nepi ka elak-elak dasar.
Anjing ninggalkeun Bagong. Di jalan
Sakadang Anjing paamprok jeung manusa. Terus harita nyarita ka manusa pikeun
menta tulung. Eta manusa nyanggupan pikeun nulungan Sakadang Anjing.
Sakadang Bagong barang nyahoeun Anjing
menta tulung ka manusa, manehna embung eleh. Terus ngadeukeutan Sakadang Oray,
ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang,
sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana
liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu
ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema
téh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.
Sanggeus asak badamina, gancang baé
bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik
sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu
deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik
supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.
Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé
umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku
sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut
bandring geus samakta.
Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu
hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus
dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di
buruan imah kokolot.
Barang geus cunduk ka waktu datang ka
mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa
pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu
bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida
reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya
hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya
kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.
Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka
leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan
jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak
anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*
0 comments:
Post a Comment