Mangsa
baheula, aya dua urang putri kaputren anu kawentar geulis campernik di Karajaan
Pasundan. Nyaeta Purbalarang jeung Purbasari.
Raja Pasundan
maot, Purbasari ditunjuk pikeun ngagantikeun tahta Karajaan Pasundan.
Purbararang ngadangu kitu manehna teu narima. Akhirna Purbararang ngadatangan
hiji dukun matih anu kawentar ngabogaan sihir anu sakti mandraguna.
“Nek,”
ucap Purbararang ka dukun sakti.
“Dawuh
Tuan Putri naon nu dipikahoyong nepangan Kula?” ceuk eta dukun.
“Kula
menta Purbasari diteluh supaya sakujur awakna kena panyakit kesrek anu bau
kacida. Supaya Si Purbasari dipiceun diasingkeun ti karajaan,” ceuk Purbararang
kalayan pinuh ku rasa ijid ka Purbasari.
“Hihihi…
gampang Tuan Putri… Ayeuna keneh Putri Purbasari bakal teu walakaya lantaran
ngarasa gateul jeung kesrek saawak-awak…..,” Ceuk dukun bari ngabacakeun
mantera di hareupeun dupa anu ngebul.
Etaa dukun
mere hiji ramuan anu kudu dicampurkeun ka pamandian Purbasari. Purbasari mulang
ka imahna. Anu dituju tempat pamandian Purbasari. Harita keneh eta ramuan ti
dukun diaspukeun ka pamanndianna. Teu lila Purbasari dikawal ku para dayang
asup pikeun mandi. Purbasari pura-pura ka ulin ka Taman Istana bari ngudag
kupu-kupu anu eunteup di luhur tangkal kembang.
Sabot
keur newak kupu-kupu, manehna ngadenge Purbasari gateul saawak-awak barang
kaluar ti pamandian. Malah tina kulitna melepuh siga nu kesrek jeung ngalurkeun
bau bugang buralengan.
Geus loba
tabib anu didatangkeun pikeun ngobatan Purbasari tapi euweuh nu mempan. Kasawat
kulitna tambah bau buralengan. Nu akhirna pihak Karajaan kapaksa pikeun
ngasingkeun Purbasari di Leweung geledegan lantaran bau tina panyakit kulitna
nimbulkeun bau bugang nepi sakulibeng istana karajaan.
Salila di
leuweung, Purbasari ceurik ngabingingik nyengceurikan nasibna. Ceurikna Purbasari
anu sesenggikkan kadangu ku Sakadang Lutung anu harita keur ulin lebah dinya
bari luluncatan neangan bubuahan.
Eta lutung
nyampeurkeun Putri Purbasari anu keur ceurik ngabingingik di hiji saung di
tengah leuweung geledegan.
“Kunaon
nyai?”
Purbasari
teu ngawaler manehna nunjukkeun sakujur awakna anu pinuh ku panyakit kulit.
“Deudeuh
teuing nyai yuk jeung akang urang piceun ieu kasawat kulit the,”
Ku Lutung
Purbasari diajak ka hiji balong nu caina herang
gagenclang. Di eta balong Purbasari disuruh mandi. Purbasari anu geus
baluweng manehna nurutkeun Sakadang Lutung. Barang anggeus mandi saharita keneh
sakabeh panyakit kulitna leungit teu sakaba-kaba.
Purbasari
mulang deui ka istana. Purbararang tambah panas.Manehna kasieunan mun Purbasari
rek ngarebut tahta karajaan anu ayeuna geus jadi kakawasaannana. Akhirna Purbararang
kalayan terang-terangan ngajak taruhan pikeun rebutan tahta karajaan.
“Heh
Purbasari kuring bakal nyerahkeun ieu tahta mun anjeun boga tunangan anu leuwih
kasep batan tunangan kula,” ceuk Purbararang bari nempo Sakadang Lutung kalayan
sinis.
Purbasari
ukur tungkul teu ngajawab ucapan lanceukna.
“Dasar
maneh rajeun aya nu bogoheun monyet lutung…hihihi…,” ceuk Purbararang bari
ngahina Sakadang Lutung terus ngabanggakeun tunangannaa nu harita aya di
gigireunna.
Purbasari
teu ngalayanan lanceukna. Manehna ngajak Sakadang Lutung pikeun maturan asup ka
kamerna.
Purbararang
anu can puas ngahina Purbasari. Manehna ngumpukeun sakabeh personal karajaan,
para dayang, menteri jeung kabeh ponggawa jeung tentara karajaan. Maksud dikumpulkeunna,
pikeun ngenalkeun tunangan masing-masing.
Barang dikenalkeun
ka sakabeh kulawarga karajaan jeung balatentara. Sakadang Lutung ukur sakedip
geus robah wujud jadi hiji Pangeran anu kasep kabina-bina.
Harita keneh
Purbararang kaeraan tungtungna kapaksa nyerahkeun karajaan ka Purbasari.
0 comments:
Post a Comment