Monday 28 March 2022

SIREUM JEUNG GAJAH

 

 Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 


Kacaturkeun di  hiji leuweung, Sakadang Gajah kakoncara sato anu panggedena. Na hiji waktu manehna neangan kadaharan ka hiji kawasan bangsa sireum. Bangsa sireum anu leutik ku kadatangan Sakadang Gajah estuning ngarasa kausik. Imah sireum loba nu katincak nepi ka rusak jeung pabalatak. Antukna Raja sireum ngawanikeun diri pikeun ngusir Sakadang Gajah sangkan tong neangan kadaharan di wilayah manehna.

“Yeuh Sakadang Gajah, geura incah  ti wilayah kaula. Lantaran kuayana andika imah rahayat kaula jadi pada rusak.” Pok Raja Sireum ka Sakadang Gajah.

Ngadenge manehna diusir ku sireum Gajah ukur nyengseurikeun.  Kadar ge sireum sato anu leutik kacida moal walakaya atuh ngalawan manehna. Ceuk Gajah dina hatena bari terus manehna beuki ngahajakeun neanga kadaharan di wilayah sireum.

Rahayat sireum beuki ambek. Raja Sireum ngumpulkeun sakabeh rahayatna pikeun ngusir Gajah babarengan. Tapi alih-alih diturutkeun malah Sakadang Gajah beuki ngahaja ngarusak kabeh imah sireum nu aya di dinya.

Ningali Sakadang Gajah nu beuki ngaremehkeun, rahayat semut anu ngarempug Gajah. Ngarayap ka saawak-awak Gajah. Aya nu asup ka bujurna. Aya anu asup ka ceulina. Aya nu asup ka  taringna irungna jeung sajabana. Terus ku rahayat sireum Gajah digegelan nepi ka Gajah teh ateuleun teu kuateun. Lantaran saawak-awak digurumut ku sireum anu loba pisan. Nepi ka Gajah teu walakaya terus manehna taluk, jangji pikeun ninggalkeun wilayah sireum. Akhirna Raja Sireum marentahkeun sakabeh rahayatna pikeun eureun ngagurumut awak Gajah. Ti saprak harita Sakadang Gajah incah kapokeun teu daekeun ngaganggu sireum deui.***

SASAKALA ONTA CICING DI GURUN PASIR

 Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 



Dina hiji wanci, aya kariaan di leuweung. Nyaeta ngarayakeun Sakadang Singa jadi Raja Leuweung. Monyet anu katelah pinter ngibing, dipiwirangan ngahibur Raja Leuweung jeung sadaya rahayat Leuweung anu ngilu ngarayakeun kapilihna Singa harita. Aya kuda, manuk gagak, oray, peucang, bagong, anjing, sapi, onta, buaya, jeung sasatoan nu sejenna.

Monyet ngibing ditabeuhan ku gamelan saaya-aya anu ditabeuh ku kuda, embe, sapi, bagong jeung anjing. Anjing niup suling tina awi koneng, sapi nabeuhan kendang nu dijieun tina kayu saya-aya, embe ngaadukeun batu nepi ka jadi hiji irama, ari anjing manehna metik kacapi nu ceunah meunang nimu urut manusa. Monyet ngibing matak pikaresepeun sakur sasatoan anu harita ningali ngiring ngariung didinya. Sakabeh sato anu nongton harita pada muji kana kabisa Monyet ngibing jaipongan.

Ningali kitu, Sakadang Onta ngadadak sirikkeun. Antukna Sakadang Onta teh maju kahareup nu maksudna deuk nurutan ngibing jaipong siga Sakadang Monyet. Sakadang Onta kalayan euweuh kaera ngibing nurutan monyet. Kulantaran awakna gede jeung sukuna jangkung, tungtungna ibingan Sakadang Onta jadi teu pararuguh siga nu keur mabok arak. Awakna neunggar kaditu kadieu nabrak sasatoan anu sejenna. Kaayaan anu tadina suka cita jadi teu pararuguh lantaran loba sato anu kateunggar ku onta nu ngibingna siga nu keur mabok.

Para sasatoan kacida keuheul naganggap Sakadang Onta jadi pengacau. Harita keneh Sakadang Onta pada diusir ku sasatoan nu harita keur nongton. Kaassup Sakadang Singa, ambeukkeun pisan. Manehna ngagaur ngilu ngusir Sakadang Onta sangkan incah ti dinya ulah pipilueun ngiggeul sagala.

Ngarasa diusir, Sakadang Onta nyerieun hate. Manehna ceurik ngabingingik ninggalkeun leuwueng nu luwang Liwung. Indit ka gurun pasir. Ti saprak harita Sakadang Onta maceuh cicing di gurun teu balik deui ka leuweung. Alatan nyeri hate sapedah diusir.***