Di hiji leuweung….wanci
haneut moyan. Sakadang Kuda anu gagah kacida moyan bari ngenteung. Mari ngenteung
ka balong manehna neuteup awak jeung dedegan manehna. Sakdang Kuda anu
kakoncara narsis cengar-cengir. “Wih…nyaan kuring sato panggagahna. Awak alus ,
boga tanduk sakieu gagahna. Moal aya deui sato nu sagagah kula…..,” bari ngekek
kuda ngagerentes sorangan.
Torojol, Sakadang
Uncal dating maksudna deuk ngilu nginum di balong. Manehna langsung nyuruput
bakat kuhaus. Nempo kitu kuda anu sombong
haok bae ngambek.
“Heh, uncal…Haling maneh
sato anu hina goring patut. Monntong nginum di balong kula…,”
“Ulah kitu Sakadang Kuda…
Ieu balong milik sarerea…,” Uncal ngahajakeun ngenteung di balong anu kabeneran
caina herang.
“Heh make ngenteung deui.
Teu era kitu maneh sakitu goring patut, teu boga gagah cara kula boga tanduk?”
Kuda bari nyengseurikeun.
Can ge uncal ngajawab,
ujug-ujug aya sore anu ngagaur. Sora maung. Bari patembalan jeung sora sasatoan
anu sejenna anu mencar pada lalumpatan. Sieuneun ditekuk maung.
Nempo kitu Sakadang Kuda
jeung Uncal berebet ngilu kabur lumpat pikeun nyalametkeun diri. Katambah Maung
beuki deukeut terus ngagaur.
“Aummmmm,” maung anu
kalaparan ngudag-ngudak kuda.
Kuda puguh we paburanjat
lumpat. Bari empod-empodan bakat ku sieunn ku maung. Anu kakoncara raja
leuweung anu pangganasna.
Si kuda lumpatna tarik
pisan antukna tisuksruk kana areuy jeung dahan. Tandukna tikarait. Untung harita
Sakadang Maung geus jauh ti manehna. Atuh kuda teh abrug-abruggan rek
ngaleupaskeun tanduk anu tikait. Tapi teu weleh leupas. Nu aya beuki pajeujeut
jeung areuy-areuyan.
Tungtungna Sakadang Kuda
nepi wanci sarepna cicing didinya teu bisa kamamana lantaran tandukna kabeulit
ku areuy-areuyan. Sakadang kuda diuk andiprek bari mikiran kumaha carana
ngaleupaskeun tandukna tina areuy.
Keur kitu, Sakadang Uncal
liwat. Nempo kitu, Sakadang Kuda buru-buru ngaggeroan Sakadang Uncal anu
padahal keur isuk ku manehna dihina.
“Uncal….,” pokna Sakadang
Kuda ngageroan Sakadang Uncal.
“Aya Naon Sakadang Kuda?”
Sakadang Uncal ngarandeg bari nyampeurkeun Sakadang Kuda.
“Hampura kuring geus
ngahina andika. Kuring ayeuna deuk menta tulung pangleupaskeun ieu tanduk
kuring. Bisik ujug-ujug aya Sakadang Maung nyampeurkeun. Teu kabayang mun
kurinng kudu tiwas ku Sakadang Maung…,”
Sakadang Uncal nempo kitu
karunyaeun. Ku manehna Sakadang Kuda ditulungan, nepi ka tandukna bias leupas
tina beulitan areuy-areuyan.
Barang anggeus leupas
Sakadang Maung geus ngagaur nyampeurkeun. Atuh Sakadang Kuda jeung Sakadang
Uncal buru-buru lumpat neangan tempat anu aman. Jauh tina jugjugan Sakadang
Maung.
Bari hahehoh duanana terus
ngaso.
“Sakadang Uncal nuhun
anjeun geus nulungan kula. Kusabab eta kuring rek mikeun ieu tanduk pikeun andika. Mun teu ku andika ditulungan, tiwas kula geus
dirontok ku Sakadang Maung.”
Ceuk Kuda bari
ngaleupaskeun tandukna terus dipakekeun ka Uncal. Ti saprak harita Uncal the jadi
weh tandukan nepi kaayeuna.***
Hatur nuhun, dongeng yang bisa jadi sarana anak-anak belajar basa sunda.
ReplyDelete