Monday 28 March 2022

SIREUM JEUNG GAJAH

 

 Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 


Kacaturkeun di  hiji leuweung, Sakadang Gajah kakoncara sato anu panggedena. Na hiji waktu manehna neangan kadaharan ka hiji kawasan bangsa sireum. Bangsa sireum anu leutik ku kadatangan Sakadang Gajah estuning ngarasa kausik. Imah sireum loba nu katincak nepi ka rusak jeung pabalatak. Antukna Raja sireum ngawanikeun diri pikeun ngusir Sakadang Gajah sangkan tong neangan kadaharan di wilayah manehna.

“Yeuh Sakadang Gajah, geura incah  ti wilayah kaula. Lantaran kuayana andika imah rahayat kaula jadi pada rusak.” Pok Raja Sireum ka Sakadang Gajah.

Ngadenge manehna diusir ku sireum Gajah ukur nyengseurikeun.  Kadar ge sireum sato anu leutik kacida moal walakaya atuh ngalawan manehna. Ceuk Gajah dina hatena bari terus manehna beuki ngahajakeun neanga kadaharan di wilayah sireum.

Rahayat sireum beuki ambek. Raja Sireum ngumpulkeun sakabeh rahayatna pikeun ngusir Gajah babarengan. Tapi alih-alih diturutkeun malah Sakadang Gajah beuki ngahaja ngarusak kabeh imah sireum nu aya di dinya.

Ningali Sakadang Gajah nu beuki ngaremehkeun, rahayat semut anu ngarempug Gajah. Ngarayap ka saawak-awak Gajah. Aya nu asup ka bujurna. Aya anu asup ka ceulina. Aya nu asup ka  taringna irungna jeung sajabana. Terus ku rahayat sireum Gajah digegelan nepi ka Gajah teh ateuleun teu kuateun. Lantaran saawak-awak digurumut ku sireum anu loba pisan. Nepi ka Gajah teu walakaya terus manehna taluk, jangji pikeun ninggalkeun wilayah sireum. Akhirna Raja Sireum marentahkeun sakabeh rahayatna pikeun eureun ngagurumut awak Gajah. Ti saprak harita Sakadang Gajah incah kapokeun teu daekeun ngaganggu sireum deui.***

SASAKALA ONTA CICING DI GURUN PASIR

 Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 



Dina hiji wanci, aya kariaan di leuweung. Nyaeta ngarayakeun Sakadang Singa jadi Raja Leuweung. Monyet anu katelah pinter ngibing, dipiwirangan ngahibur Raja Leuweung jeung sadaya rahayat Leuweung anu ngilu ngarayakeun kapilihna Singa harita. Aya kuda, manuk gagak, oray, peucang, bagong, anjing, sapi, onta, buaya, jeung sasatoan nu sejenna.

Monyet ngibing ditabeuhan ku gamelan saaya-aya anu ditabeuh ku kuda, embe, sapi, bagong jeung anjing. Anjing niup suling tina awi koneng, sapi nabeuhan kendang nu dijieun tina kayu saya-aya, embe ngaadukeun batu nepi ka jadi hiji irama, ari anjing manehna metik kacapi nu ceunah meunang nimu urut manusa. Monyet ngibing matak pikaresepeun sakur sasatoan anu harita ningali ngiring ngariung didinya. Sakabeh sato anu nongton harita pada muji kana kabisa Monyet ngibing jaipongan.

Ningali kitu, Sakadang Onta ngadadak sirikkeun. Antukna Sakadang Onta teh maju kahareup nu maksudna deuk nurutan ngibing jaipong siga Sakadang Monyet. Sakadang Onta kalayan euweuh kaera ngibing nurutan monyet. Kulantaran awakna gede jeung sukuna jangkung, tungtungna ibingan Sakadang Onta jadi teu pararuguh siga nu keur mabok arak. Awakna neunggar kaditu kadieu nabrak sasatoan anu sejenna. Kaayaan anu tadina suka cita jadi teu pararuguh lantaran loba sato anu kateunggar ku onta nu ngibingna siga nu keur mabok.

Para sasatoan kacida keuheul naganggap Sakadang Onta jadi pengacau. Harita keneh Sakadang Onta pada diusir ku sasatoan nu harita keur nongton. Kaassup Sakadang Singa, ambeukkeun pisan. Manehna ngagaur ngilu ngusir Sakadang Onta sangkan incah ti dinya ulah pipilueun ngiggeul sagala.

Ngarasa diusir, Sakadang Onta nyerieun hate. Manehna ceurik ngabingingik ninggalkeun leuwueng nu luwang Liwung. Indit ka gurun pasir. Ti saprak harita Sakadang Onta maceuh cicing di gurun teu balik deui ka leuweung. Alatan nyeri hate sapedah diusir.***

Friday 26 May 2017

AJI SAKA

Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda ku 




Kacarioskeun mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung jarang kasorang ku manusa. Aya  hiji karajaan namina Medang Kamulan anu diparentah ku hiji  raja namina Prabu Dewata Cengkar anu buringhas sarta resep neda jalmi. Saban dinten sang raja ngamangsa saurang jalmi anu dibawa ku Patih Jugul Anom. Kaayaan ieu ngakibatkeun rahayat di nagari Medang Kamulan estuning hirup dina kasieun. Nu antukna seueur anu ngungsi ka karajaan sanes pikeun nyalametkeun diri ti Prabu Dewata Cengkar.
Di hiji lembur Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka anu sakti, purah tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun nulungan saurang aki-aki anu nuju dianiaya ku dua begal. Eta aki-aki akhirna ditulungan terus dijadikeun bapak angkat ku Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh salah saurang pengungsi ti Medang Kamulan.
“Janten aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan?” tumaros Aji Saka ka eta aki-aki.
“Sumuhun, Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah ku hiji raksasa anu buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal dinten ponggawa karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus kolot siga aki pikeun jadi mangsa Prabu....,” saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan di nagarana.
Ngadangu  carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata Cengkar, Aji Saka ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita keneh Aji saka indit ka Medang Kamulang.
Nepi ka Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung halangan ti ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung jurig nyiri wuri nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka tarung salami tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna, kulantaran Aji Saka nampik pikeun  dijadikeun budak ku jurig leuweung.
Aji saka anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig leuweung nepi ka eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka neraskeun lalampahanana pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu Dewata Cengkar nuju ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak  korban pikeun kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
“Sampurasun Sang Prabu,” saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
“Rampes.......Haha.....saha andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng matak lapar ieu tikoro aing.....Hahaha...,” Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka anu keur ngamuk ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di hareupeunna.
“Ampun Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade dikumahakeun.....,” saur Aji Saka.
“Bener andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa?” Prabu Dewata Cengkar bari niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka nyingcet, bari pok, “Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa Sang Prabu tapi nuhunkeun syarat!”
“Hahaha..... Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal dikabulkeun ku kaula.... hahaha...,” saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat nahan lapar ningali Aji Saka.
Aji Saka muka sorban anu dipakena, terus saurna,”Syaratna sim kuring nuhunkeun imbalan tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.”
“Tanah karajaan salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah..... Ku kula pasti dikabulkeun...!” Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya asagempa bumi.
“Ampun Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya janten mangsa Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat sim kuring kangge ngukur  tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur diwatesan.... Sumangga sim kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu!” ucap Aji Saka deui.
“Haha......hayu ayeuna keneh ku kaula diukurkeun....,” Sang Prabu bari nyandak sorban Aji Saka pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan. Eta sorban terus manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban ngaleuwihan tanah Karajaan Medang Kamulang.  Prabu Dewata Cengkar kontan ngamuk kulantaran ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu Dewata Cengkar ngamuk, ujug-ujug aya angin gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban Aji Saka meulit awak sang Prabu, nepi ka sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta sorban. Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah sang Prabu nepi ka meulit kadua leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang Prabu teu bisa kukumaha.
“Auwwww......,” teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara laut kidul anu ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg ombak gede tilelep ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui. 

Kajadian ieu, estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang. Lantaran sadaya rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun ku rahayat pikeun mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti saprak harita Karajaan Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera. 

Wednesday 24 May 2017

KUNAON HAYAM KONGKORONGOK SUBUH?





Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 

Kacarioskeun mangsa kapungkur aya Oray Naga nu tos lami ngalamun hoyong nyaba ka kahiyagan. Unggal enjing eta Oray Naga teh sok dangdos mapantes nyalira. Tapi si Oray Naga ngarasa teu ginding kusabab teu ngagaduhan perhiasan, mangkaning bade nganjang ka Dewa.

Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna Sakadang Titinggi. Sigana mun hoyong gaya kedah nambut tanduk ka Sakadang Jago. Mangsa haritamah Jago teh aya tandukan.

“Aya naon Sakdang Naga ngampeurkeun kula?” ceuk Sakadang Titinggi.

“Puguhan Kuring teh kadieu menta dianteur ka Sakadang Jago,” Si Oray Naga ngedalkeun maksudna.

“Aya naon make haying dianteur ka Sakadang Jago?”

,“Kuring rek nginjeum tanduk Sakadang Jago pikeun nganjang ka Kahiyangan,” Sakadang Naga ngedalkeun pamaksudanna ka Sakadang Titinggi ngarah dianteur. Sakadang Titinggi nyanggupan pikeun nganteur sobatna.

Teu lila Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi indit duaan nyempeurkeun Sakadang Jado, nu harita keur cindekeum di luhur dahan tangkal Caringin.

“Sampurasun…. Sakadang Jago…,” ceuk sakadang Titinggi barang pajonghok jeung Hayam Jago.

“Rampes…. Aya naon Sakadang Titinggi jeung Sakadang Naga tara tisasari nganjang ka Kaula?” Hayam Jago ngajawab bari tetep cindutrung di luhur dahan Caringin.

Sakadang Naga ngalieuk ka Sakadang Titinggi sangkan pangomongkeun maksud kadatanganna kadinya.

“Puguhan kieu Sakadang Jago…. Sobat kula Sakadang Naga bade nganjang ka kahiyangan. Manehna bade nambut heula tanduk anjeun sabuat ukur pikeun nganjang. Balik ti kahiyagan tandukna bakal dibalikkeun deui ka anjeun,”

Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna Sakadang Naga.

Lila-lila Sakadang Naga ngarayu. Sakadang  Jago tungtungna leeh hatena masihkeun  tandukna ka Sakadang Naga.

Sakadang Naga nyarita ka Sakadang Jago,“Tong hariwang sobat, engke tandukna dibalikeun deui. Dianteurkeun ku Sakadang Titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”

Geus kitumah jung weh Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi teh arindit. Isukna samemeh balebat Hayam Jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali Sakadang Titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna berang Sakadang Titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok Hayam Jago teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh Sakadang Titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun Sakadang Titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita Hayam Jago teh unggal subuh kongkorongok jeung mun papanggih jeung Titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.***

 

GAGAK JADI HIDEUNG




Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda ku 

Kacaturkeun di hiji leuweung luwang-liwung. Aya oray sanca keur nawu balong. Eta hulu orang the ngagegel tangkal huni, buntut buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.

Eta balong ujug-ujug saat euweuh caian. Keur kitu torojol manuk Gagak datan. Buluna bodas ngeplak kacida. Ret kanu balong anu saat loba pisan lauk nu matak pikabitaeun. Atuh corokcok wae laukna dipacokkan nepi kabbeak di eta balong teh.

Nepo kitu Oray Sanca geuwat ngageunggeureuhkeun,” Yeuh Gagak montong harak jadi mahluk teh… mani nepi kadibeakkeun kabeh eta lauk di balong…,”

“Keun weh rek dibeakkeun rek hanteu etamah urusan kula,” ceuk Gagak ngahajakeun beuki rosa macokan laukna.

“Kurang asem siah Gagak, sugan kudu dihajar ku aing…,” Oray Sanca ngambek nyampeukeun Gagak. Nempo Oray Sanca ngambek, manuk Gagak teh geus teg weh manehna bakal  dimangsa ku eta oray. Atuh mungguhing boga jangjang. Keleber weh hiber….

“Sok udag ari bisa mah….,”

Oray Sanca ambek,” Sugan kudu disebrot maneh ku racun aing Gagak!” Sebrot weh tak oray Sanca nyebrotkeun  racunna

Gagak beuki tarik hiberna sieuneun kena racun oray Sanca anu matih kacida. Keleper…….! Manuk Gagak ngerahkeun sakabeh tanagana pikeun hiber ngajauhan si ora Sanca. Nepi ka si Oray Sanca jauh katinggaleun ku manehna.

Barang nempo Oray Sanca geus teu katingali. Geleper weh manuk Gagak enteup ka handap. Gabruk si manuk teh enteup asa tepi kena kana urut dudurukan manusa anu tinggal areng hideung.

Brusshhh atuh ngageubrus ka eta jero areng hideung. Gerepeuk-gerepeuk….. Si manuk gagak satekah polah kaluar tina tumpukan areng. Barang kaluar, buluna anu tadina bodas ngadadak jadi hideung lestreng. Atuh  pohara manehna kaget kacida nempo buluna sawak-awak jadi hideung lestreng. Ber ….deui hibeur neangan balong pikeun mandi. Tapi buluna teu ngatik jadi bodas deui.  

“Matak ge jadi sato tong hawek…,” ceuk oray Sanca nyengeseurikeun manuk Gagak anu ayeuna buluna hideung lestreng.*

Friday 19 May 2017

KUNAON UNCAL JADI TANDUKKAN?

Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda



 Kacarioskeun mangsa anu disebut mangsa can ayana manusa turun ka dunya. Dimana sakabeh sasatoan bias cumarita. Saalam dunya kabeh mangrupa leuweung luwang-liwung pinuh ku tatangkalan.

Di hiji leuweung….wanci haneut moyan. Sakadang Kuda anu gagah kacida moyan bari ngenteung. Mari ngenteung ka balong manehna neuteup awak jeung dedegan manehna. Sakdang Kuda anu kakoncara narsis cengar-cengir. “Wih…nyaan kuring sato panggagahna. Awak alus , boga tanduk sakieu gagahna. Moal aya deui sato nu sagagah kula…..,” bari ngekek kuda ngagerentes sorangan.

 Torojol, Sakadang Uncal dating maksudna deuk ngilu nginum di balong. Manehna langsung nyuruput bakat kuhaus. Nempo kitu kuda anu sombong  haok bae ngambek.

“Heh, uncal…Haling maneh sato anu hina goring patut. Monntong nginum di balong kula…,”

“Ulah kitu Sakadang Kuda… Ieu balong milik sarerea…,” Uncal ngahajakeun ngenteung di balong anu kabeneran caina herang.

“Heh make ngenteung deui. Teu era kitu maneh sakitu goring patut, teu boga gagah cara kula boga tanduk?” Kuda bari nyengseurikeun.

Can ge uncal ngajawab, ujug-ujug aya sore anu ngagaur. Sora maung. Bari patembalan jeung sora sasatoan anu sejenna anu mencar pada lalumpatan. Sieuneun ditekuk maung.

Nempo kitu Sakadang Kuda jeung Uncal berebet ngilu kabur lumpat pikeun nyalametkeun diri. Katambah Maung beuki deukeut terus ngagaur.

“Aummmmm,” maung anu kalaparan ngudag-ngudak kuda.

Kuda puguh we paburanjat lumpat. Bari empod-empodan bakat ku sieunn ku maung. Anu kakoncara raja leuweung anu pangganasna.

Si kuda lumpatna tarik pisan antukna tisuksruk kana areuy jeung dahan. Tandukna tikarait. Untung harita Sakadang Maung geus jauh ti manehna. Atuh kuda teh abrug-abruggan rek ngaleupaskeun tanduk anu tikait. Tapi teu weleh leupas. Nu aya beuki pajeujeut jeung areuy-areuyan.

Tungtungna Sakadang Kuda nepi wanci sarepna cicing didinya teu bisa kamamana lantaran tandukna kabeulit ku areuy-areuyan. Sakadang kuda diuk andiprek bari mikiran kumaha carana ngaleupaskeun tandukna tina areuy.

Keur kitu, Sakadang Uncal liwat. Nempo kitu, Sakadang Kuda buru-buru ngaggeroan Sakadang Uncal anu padahal keur isuk ku manehna dihina.

“Uncal….,” pokna Sakadang Kuda ngageroan Sakadang Uncal.

“Aya Naon Sakadang Kuda?” Sakadang Uncal ngarandeg bari nyampeurkeun Sakadang Kuda.

“Hampura kuring geus ngahina andika. Kuring ayeuna deuk menta tulung pangleupaskeun ieu tanduk kuring. Bisik ujug-ujug aya Sakadang Maung nyampeurkeun. Teu kabayang mun kurinng kudu tiwas ku Sakadang Maung…,”

Sakadang Uncal nempo kitu karunyaeun. Ku manehna Sakadang Kuda ditulungan, nepi ka tandukna bias leupas tina beulitan areuy-areuyan.

Barang anggeus leupas Sakadang Maung geus ngagaur nyampeurkeun. Atuh Sakadang Kuda jeung Sakadang Uncal buru-buru lumpat neangan tempat anu aman. Jauh tina jugjugan Sakadang Maung.

Bari hahehoh duanana terus ngaso.

“Sakadang Uncal nuhun anjeun geus nulungan kula. Kusabab eta kuring rek mikeun ieu tanduk  pikeun andika. Mun teu  ku andika ditulungan, tiwas kula geus dirontok ku Sakadang Maung.”

Ceuk Kuda bari ngaleupaskeun tandukna terus dipakekeun ka Uncal. Ti saprak harita Uncal the jadi weh tandukan nepi kaayeuna.***

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET BALAP LUMPAT






Dina hiji isuk di hiji leuweung. Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya papanggih deukeut hawangan. Maranehanna ngobrol bari moyan. Sakadang Monyet mulai nunjukkeun kasombonganna.

“Heh, Sakadang Kuya… meneh nyaho teu? Kula kaasup sato di ieu leuweung anu lumpatna pangtarikna…,”

“Enya kitu? Ah mun kitu hayu balapan jeung kula..” Ceuk Sakadang Kuya ngarasa ngewa sapedah Sakadang Monyet unggal ngobrol sok ngagulkeun dirina.

“Naon? Andika ngajak balap jeung Kula? Teu salah?” cakakak atuh Sakadang Monyet nyengseurikeun.

Sakadang Kuya unggek.

“Heh Sakadang Kuya andika boro-boro balap lumpat lempang ge saengkog-saengkog estuning matak kesel nu nungguan…. Ulah ngimpi hirup the yeuh Sakadang Kuya…,” cakakak deui Sakadang Monyet mani ngeunah seuri.

“Eh, sembarangan. Hayu urang buktikeun. Isukan ku kuring andika ditunggu didieu! Kuring deuk make baju anu buluna bodas di luhur sirah sangkan andika bisa nyaksikeun kuring lumpat di luhur jukut anu luhur. Yuk urang patarung  balap lumpat ngaliwatan opat anak gunung Cireme nu luhur ieu. Saha anu diantara urang bakal nepi ka anak gunung nu kaopat tiheula. Hartina manehna nu meunang. Kumaha? Andika wani?” Eta Sakadang Kuya pok nyarita panjang kali lebar estuning bener-bener serius.

Atuh Sakadang Monyet nyengir bari seuri cakakakan.”Ari andika keur ngimpen? Saha anu bisa nandingan kula dina lumpat di ieu leuweung? Duh Sakadang Kuya….. Cing hayu urang buktikeun!” pokna deui bari ngaremehkeun.

“Menggeus tong sombong heula Sakadang Monyet…. Hayu urang buktikeun isukan nya….,” pok Sakadang Kuya bari neuteup Sakadang Monyet anu masih cengar-cengir teu percaya ku tantangan Sakadang Kuya. Jauh di jero hatena mah Sakadang Kuya ngaku yen manehna moal bakal meunang balap lumpat ngalawan Sakadang Monyet. Tapi Sakadang Kuya geus teu kuat ngadenge kasombongan Sakadang Monyet salila ieu.

Teu karasa waktu geus nepi ka tengah poe. Sakadang Kuya mulang ka imahna bari nyiapkeun siasat. Manehna ngumpulkeun sakabeh dulurna. Sakabeh Sakadang Kuya sadudulur kudu make bulu anu warna bodas di luhur sirah maranehannana, jeung nyokot posisi diluar jalur balap lumpat anu geus ditangtukeun jeung Sakadang Monyet. Aya anu sia-siap di handapeun juranng, aya anu cangogo di luhur gunung, jeung disababaraha tempat anu geus ditangtukeun. Sementara manehna siap-siap di anak gunung kaopat nu dijangjikeun minangka tempat finish dina adu lumpat harita.

Isukna Sakadang Monyet dating ka sisi hawangan kalayan sombong. Manehna deuk nempo bulu bodas nu ayaa di sela jujukutan. “Wah bener sigana Sakadang Kuya menggeus siap pikeun diadu lumpat jeung kula…,” pikir Sakadang Monyet.

“Awas….Siap…Mulai…!” Ceuk Sakadang Monyet kalayan sora anu lantang. Berebet Sakadang Monyet lumpat. Ditukang Sakadang Kuya tinggaleun di tukang.

Barang nepi ka anak gunung kahiji, pohara kagetna Sakadang Monyet nempo Sakadang Kuya geus aya di luhur gunung. Estuning teu nyadar mun manehna keur dibobodo ku Sakadang Kuya. Sakadang Monyet nambah lincah lumpatna bari teu poho gugulayutan jeung loloncatan nyekel ka dadahanan. Manehna naek gunung turun jurang. Tapi barang nepi ka gunung nu kadua, Sakadang Kuya sihoreng geus dihareupeun. Atuh Sakadang Monyet beuki panas. Nepi teu karasa ngaliwatan gunung katilu. Nepi ka gunung kaopat di garis finish adu lumpat.

Saat Monyet hampir mencapai bukit pertama, ia kaget melihat kura-kura sudah berada di atas bukit. Tidak radar bahwa ia sedang dikerjai kura-kura, Monyet menambah kencang larinya dan berhasil mendahului kura-kura di atas bukit pertama. Namun, saat menuruni bukit, Monyet kembali melihat kura-kura sudah berada di lembah.

 Monyet semakin mempercepat larinya menyusul kura-kura di lembah. Tapi, menjelang bukit kedua, lagi-lagi Monyet mendapati kura-kura telah mendahuluinya berada di atas sana. Begitu seterusnya hingga di lokasi ketiga. Monyet selalu mendapati kura-kura telah ada di depannya, di sepanjang jalur lomba. Barang rek nepi pisan ka garis finish, ari pucunghul Sakadang Kuya dihareupeun nyorakan Sakadang Monyet.

“Kula Meunang…. Kula Meunang,” ceuk Sakadang Kuya bari cakakak nyengseurikeun Sakadang Monyet nu kakara nepi. Atuh harita Sakadang Monyet anu biasna sombong ngadadak tungkul kaeraan ku Sakadang Kuya anu salila ieu terkenal leumpangna saengkod-saengkod.***

LUTUNG KASARUNG





Mangsa baheula, aya dua urang putri kaputren anu kawentar geulis campernik di Karajaan Pasundan. Nyaeta Purbalarang jeung Purbasari.

Raja Pasundan maot, Purbasari ditunjuk pikeun ngagantikeun tahta Karajaan Pasundan. Purbararang ngadangu kitu manehna teu narima. Akhirna Purbararang ngadatangan hiji dukun matih anu kawentar ngabogaan sihir anu sakti mandraguna.

“Nek,” ucap Purbararang ka dukun sakti.

“Dawuh Tuan Putri naon nu dipikahoyong nepangan Kula?” ceuk eta dukun.

“Kula menta Purbasari diteluh supaya sakujur awakna kena panyakit kesrek anu bau kacida. Supaya Si Purbasari dipiceun diasingkeun ti karajaan,” ceuk Purbararang kalayan pinuh ku rasa ijid ka Purbasari.

“Hihihi… gampang Tuan Putri… Ayeuna keneh Putri Purbasari bakal teu walakaya lantaran ngarasa gateul jeung kesrek saawak-awak…..,” Ceuk dukun bari ngabacakeun mantera di hareupeun dupa anu ngebul.

Etaa dukun mere hiji ramuan anu kudu dicampurkeun ka pamandian Purbasari. Purbasari mulang ka imahna. Anu dituju tempat pamandian Purbasari. Harita keneh eta ramuan ti dukun diaspukeun ka pamanndianna. Teu lila Purbasari dikawal ku para dayang asup pikeun mandi. Purbasari pura-pura ka ulin ka Taman Istana bari ngudag kupu-kupu anu eunteup di luhur tangkal kembang.

Sabot keur newak kupu-kupu, manehna ngadenge Purbasari gateul saawak-awak barang kaluar ti pamandian. Malah tina kulitna melepuh siga nu kesrek jeung ngalurkeun bau bugang buralengan.

Geus loba tabib anu didatangkeun pikeun ngobatan Purbasari tapi euweuh nu mempan. Kasawat kulitna tambah bau buralengan. Nu akhirna pihak Karajaan kapaksa pikeun ngasingkeun Purbasari di Leweung geledegan lantaran bau tina panyakit kulitna nimbulkeun bau bugang nepi sakulibeng istana karajaan.

Salila di leuweung, Purbasari ceurik ngabingingik nyengceurikan nasibna. Ceurikna Purbasari anu sesenggikkan kadangu ku Sakadang Lutung anu harita keur ulin lebah dinya bari luluncatan neangan bubuahan.

Eta lutung nyampeurkeun Putri Purbasari anu keur ceurik ngabingingik di hiji saung di tengah leuweung geledegan.

“Kunaon nyai?”

Purbasari teu ngawaler manehna nunjukkeun sakujur awakna anu pinuh ku panyakit kulit.

“Deudeuh teuing nyai yuk jeung akang urang piceun ieu kasawat kulit the,”

Ku Lutung Purbasari diajak ka hiji balong nu caina herang  gagenclang. Di eta balong Purbasari disuruh mandi. Purbasari anu geus baluweng manehna nurutkeun Sakadang Lutung. Barang anggeus mandi saharita keneh sakabeh panyakit kulitna leungit teu sakaba-kaba.  

Purbasari mulang deui ka istana. Purbararang tambah panas.Manehna kasieunan mun Purbasari rek ngarebut tahta karajaan anu ayeuna geus jadi kakawasaannana. Akhirna Purbararang kalayan terang-terangan ngajak taruhan pikeun rebutan tahta karajaan.

“Heh Purbasari kuring bakal nyerahkeun ieu tahta mun anjeun boga tunangan anu leuwih kasep batan tunangan kula,” ceuk Purbararang bari nempo Sakadang Lutung kalayan sinis.

Purbasari ukur tungkul teu ngajawab ucapan lanceukna.

“Dasar maneh rajeun aya nu bogoheun monyet lutung…hihihi…,” ceuk Purbararang bari ngahina Sakadang Lutung terus ngabanggakeun tunangannaa nu harita aya di gigireunna.

Purbasari teu ngalayanan lanceukna. Manehna ngajak Sakadang Lutung pikeun maturan asup ka kamerna.

Purbararang anu can puas ngahina Purbasari. Manehna ngumpukeun sakabeh personal karajaan, para dayang, menteri jeung kabeh ponggawa jeung tentara karajaan. Maksud dikumpulkeunna, pikeun ngenalkeun tunangan masing-masing.

Barang dikenalkeun ka sakabeh kulawarga karajaan jeung balatentara. Sakadang Lutung ukur sakedip geus robah wujud jadi hiji Pangeran anu kasep kabina-bina.

Harita keneh Purbararang kaeraan tungtungna kapaksa nyerahkeun karajaan ka Purbasari. 

SASAKALA SITU BULEUD PURWAKARTA




Kacaritakeun Bupati R. Aria anu Julukanna Dalem Solawat, atanapi Dalem Santri, mindahkeun puser dayeuh Purwakarta ka Wanayasa, kulantaran sering caah alatan di hawangan Citarum Karawang.  Sanggeus mindahkeun puser dayeuh kacumponan Bupati mindahkeun deui kabupaten ka Lebak. Disebut Lebak alatan Wanayasa aya diluhur, di suku Gunung Burangrang.

Dalem Santri atawa Bupati Purwakarta harita munajat ka Hyang Agung. Anjeunna kenging ilapat pikeun nyieun puser dayeuh Purwakarta. Bupati manggil Wadana pikeun neangan tempat anu mantes dijadikeun puser dayeuh kabupaten.

Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu. Terus Bupati the nyarita ka Wadana anu harita nelah Mamang Cutak.

“Mamang Cutak, wengi kula ngimpen, aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu. Tah ku kituna bral Mamang geura miang pikeun ngajugjug eta patempatan,” ceuk Dalem Santri ka Wadana atawa Mamang Cutak.

 “Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh bade milari éta patempatan !”

Saterusna mamang Cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu pikaasiheun.

Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ? lmu pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.

Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.

Kalungguhan Cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu kiwari jadi lemah Karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.

ANJING JEUNG BAGONG



Di hiji leuweung, kacaturkeun aya Sakadang Anjing anu nyobat dalit kacida jeung Sakadang Bagong. Saking nyobatna eta dua sato teh kawentar kamamana bareng, ceuk paribasana mah geus siga jeung dulur. Dimana aya Sakadang Anjing, didinya aya Sakadang Bagong.

Dina hiji waktu, tengah peuting jemplang-jempling. Ujug-ujug Sakadang Anjing babaung bari teu puguh sabab. Sakadang Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar.

“Heh Andika nanaonan make babaung sagala…? Ieu teh tengah peuting…,”

Anjing anu keur sedih kinkin dikitukeun kacida nyerieun hatena. Komo atuh da Sakadang Bagong teu sidikna nyarekanan nepi ka elak-elak dasar.

Anjing ninggalkeun Bagong. Di jalan Sakadang Anjing paamprok jeung manusa. Terus harita nyarita ka manusa pikeun menta tulung. Eta manusa nyanggupan pikeun nulungan Sakadang Anjing.

Sakadang Bagong barang nyahoeun Anjing menta tulung ka manusa, manehna embung eleh. Terus ngadeukeutan Sakadang Oray, ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang, sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema téh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.

Sanggeus asak badamina, gancang baé bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.

Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut bandring geus samakta.

Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di buruan imah kokolot.

Barang geus cunduk ka waktu datang ka mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.

Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*

 

SASAKALA PARE JEUNG DEWI SRI


Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 


Kacarioskeun mangsa beheula pisan, dimana kahirupan tanah Jawa masih sabagean mangrupa leuweung anu dikawasa ku para raja di mangsa harita. Kahirupan mangsa harita percaya yen urang sadaya di bawah kakuasaan karajaan langit Batara Guru. Kacaturkeun Batara Guru ngawangun istana megah di kahyangan. Sadaya rahayat diwajibkeun ngilu gotong royong ngawangun istana. Saha wae rakyat anu males teu icikibung pikeun gotong royong ngawangun istana ku Hyang Batara dipasihan hukuman, nyaeta leungeun jeung sukuna bakal dibuntungan.

 

Ngadangu kitu, Antaboga, nu harita jadi dewa oray  kacida hariwagna lataran manehna teu ngabogaan suku komo deui leungeun pikeun mantuan ngawangun istana kahyangan. Lamun manehna teu icikibung, Hyang Batara bakal motong sirahna. Kulantara inggis ngadangu ancaman Hyang Batara, Antaboga antukna incah nyampeurkeun Batara Narada pikeun neangan solusi. Tapi Batara Narada salaku dulurna Batara Guru anu nyekel kakawasaan harita teu bisa nulungan atawa mere solusi nanaon ka manehna. Tuntungna Antaboga ceurik sorangan ngumbar kasedihanna ngabayangkeun hukuman nu bakal ditarima ku manehna.


Dina waktu keur ceurik balilihan, keclak tilu keclak cai matana robah jadi mustika mangrupa tilu endog. Eta endog, cangkangna ngaluarkeun sinar endah kacida. Ningali kitu Batara Narada ngusulkeun sangkan eta endog dijadikeun persembahan ka Hyang Batara minangka gaganti Antaboga supaya bebas tina hukuman potong sirah.

Antaboga nurut kana saran Batara Narada mawa endog anu mangrupa mustika  ka Hyang Batara. Eta mustika disimpeun di sungut Antaboga, si dewa oray tea.

 

Di perjalanan amprok jeung Manuk Gagak. Terus ditanya tapi Antaboga anu keur ngulum mustika endog teu bisa ngajawab lantaran sieun endogna murag. Manuk Gagak nyangkana Antaboga sombong, atuh ngadon dipacok weh eta dewa oray teh nepi ka dua endogna kaluar ti sungutna terus pecah. Tungtungna nu aya keneh di sungut manehna ukur tinggal hiji deui. Barang rek dipacok deui ku Manuk Gagak, buru-buru Antaboga kabur ninggalkeun Manuk Gagak.


Barang nepi ka Batara Guru, eta endog nu tinggal hiji deui disanggakeun ku Antaboga mangrupa gaganti manehna kerja bakti. Batara Guru narima eta sesembahan tapi Antaboga kudu ngereman endogna sorangan di istana. Kacaturkeun endog diereman ku Antaboga teh akhirna neteskeun  hiji orok anu geulis kacida. Eta orok teh daingkat anak ku Batara Guru. Si orok teh diaranan Nyi Pohaci Sanghyang Sri.

Nyi Pohaci Sanghyang Sri  teu karasa mingkin gede nepi ka jadi gadis rumaja anu geulis teu aya bandingna. Kageulisan anjenna ngelehkeun sadaya dewi di kahyangan.

Ningali kageulisan Nyi Pohaci, Batara Guru teu bisa nahan nafsuna. Anjeunna ngalamar anak angkatna pikeun jadi selirna. Pamaksudan Batara Guru ngaguncangkeun sadaya dewa jeung dewi kahyangan anu dianggap geus nyimpang tina tataan kahyangan.

Para dewa kahyangan rempugan pikeun misahkeun Batara Guru jeung anak angkatna nu rek dijadikeun selir manehna. Nyi Pohaci Sanghyang Sri akhirna diracun nepi ka tiwas, bubunian ti Batara Guru. Sangkan teu kanyahoan ku Batara Guru jenazah Nyi Pohaci dibawa ka bumi terus dikurebkeun di hiji tempat anu kacida bunina.


kacaturkeun di luhur kuburan Ni Pohaci atawa Dewi Sri kaluar macem-macem tatangkalan mangrupa tanaman pangan anu loba mangpaatna pikeun kahirupan manusa. Terus di pusara kuburan Nyi Pohaci kaluar tangkal pare anu dijadikeun kadaharan pokok masyarakat tanah jawa. Kusabab eta Dewi Sri disebut Dewi pare lantaran tangkal pare mimitina aya kaluar tina pusara kuburan Dewi  Sri.***

SASAKALA SANGKURIANG



Sangkuriang

Kacaturkeun di Tatar Sunda  aya hiji karajaan. Ngagaduhan hiji putri anu geulis kabina. Eta putri dinamian Dayang Sumbi. Dayang Sumbi unggal pasosore sok nenun lawon pibahaneun dibaturan ku para dayang di leuweung. Nepi kahiji waktu wayah sarepna. Alat tenunna leupas aya ngacleng ka sela-sela jukut. Para dayang jeung pangawal anu maturan neangan eta alat tenun anu murag ngacleng. Tapi weleh teu aya nu manggih.

Nepi akhirna Dayang Sumbi kaceplosan ngomong, “Saha wae anu manggihan anu alat tenun manehna mun awewe bakal dijadikeun dulur. Mun lalaki rek dijadikeun salaki. Sanajan iabratna nu manggih sabangsa anjing,” pokna bari putus pangharepan pedah alat tenun anu ngacleng teh leungit.ari anggeus Dayang Sumbi cumarita, ngadadak aya angina ngaheos gede pisan. Teu lila, pucunghul aya Sakadang anjing anu hideung lestreng nyamperkeun bari ngagegel alat tenun terus diberekeun ka Dayang Sumbi. Atuh para dayang kabeh ngarongheap barang ningali Sakadang Anjing anu nimukeun alat tenun. Sakadang Anjing siga nu silih teuteup jeung Dayang Sumbi. Eta anjing diaranann Si Tumang.

Tisaprak harita eta Si Tumang kalayan satia maturan Dayang Sumbi uanggal nenun di leuwueng. Nepi kahiji waktu Dayang Sumbi the reuneuh. Bari  teu kanyahoan saha bapakna. Raja kacida ambekna. Dayang Sumbi dianggap mawa aib. Tungtungna diasingkeun ka leuwueng dibaturan ku anjingna nyaeta Si Tumang anu teu weleh satia nepi ka ngalahirkeun. Jabang bayi anu lahir diaranan Sangkuriang. Lantaran dianggap ngabogaan titisan dewa.

Sangkuriang mulai gede. Manehna seneng moro uncal ka leuweung pikeun kadaharan indungna. Dina hiji waktu Dayang Sumbi haying hate daging uncal. Atuh saperti biasana Sangkuriang dibaturan ku Si Tumang mangkat ti imah ti wayah janari ka leuweung. Sangkuriang nyuksruk leuweung nepi ka wayah peuting manehna teu manggihann uncal hiji-hiji acan. Antukna manehna manah Si Tumang nepi ka paeh. Terus dicokot atina pikeun dibikeun ka indungna.

Barang eukeur balakecrakan dahar, Dayang Sumbi neangan Si Tumang. Dasar budak, antukna Sangkuriang jujur yen hate anu didahar ku indungna teh lain hate uncal tapi hate Si Tumang. Atuh Dayang Sumbi ambek kacida. Sangkuriang sirahna ditakol ku gayung batok nepi ka  geutihna ngaley. Terus diusir ti imahna. Lantaran Si Tumang the sabenerna bapana Sangkuriang. Anjeunna Dewa anu dikutuk ka bumi lantaran nyieun kasalahan di khayangan. Anu sabenerna mah geus dicabut kutukanna saprak Si Tumang paeh dipanah ku Sangkuriang, terus anjeunna balik deui ka kahyangan pikeun neruskeun pancenna jadi Dewa.

Sangkuriang kalayan sedih ninggalkeun indungna pikeun ngalalana. Manehna nyuksruk lembur ngaliwatan leuweung. Nepi teu karasa jadi bujangan anu kasep kacida jeung sakti mandraguna. Hiji waktu manehna panggih jeung hiji wanoja kacida geulisna.  Sangkuriang katarik ati kaeta wanoja. Tur eta wanoja oge sarua bogohna. Sangkuriang keur bobogohan kitu menta disiaran ka eta wanoja. Barang disiaran kacida eta wanoja anu sihoreng Dayang Sumbi, indung manehna. Di sirahna Sangkuriang aya pitak rada dekok urut ditakol ku sinduk bakok. Harita keneh Dayang Sumbi menta supaya tong neruskeun hubungan asmarana. Ku Dayang Sumbi diterangkeun yen Sangkuriang anak manehna anu diusir lantaran maehan Si Tumang. Tapi Sangkuriang tetep teu percayaeun.

Tapi Sangkuriang keukeuh ngalamar. Akhirna Dayang Sumbi mere sarat lamun Sangkuriang haying ditarima lamaranna. Sangkuriang kudu nyieun parahu jeung talagana, pikeun lalayaran dina waktu sapeuting. Kudu anggeus samemeh hayam kongkorongok.

Sangkuriang anu sakti mandraguna nyanggupan pamenta Dayang Sumbi. Manehna ngeurahkeun para jin ku kasaktiannna. Nepi ka ukur kejap waktu talaga geus kacipta. Parahu geus anggeus tinggal dilayaran.

Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna. Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung. Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir, Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.

Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat tingarudat.

Sangkuriang nambek parahu anu can anggeus ditajong nepi ka nangkup ke sebrang talaga.  Parahu gede anu nagkub kalayan kasaktian Sangkuriang robah jadi hiji gunung anu nelah disebut Tangkuban Perahu. ***

Wednesday 3 March 2010

Siluman


Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat teh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumanteh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman. Da ayeunamah aman biasa wae kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etateh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah.
Tah kitu caritana kunaon eta tempat teh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.

Kuya Ngagandong Imahna





Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk datang sore magrib.
Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.
Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.
Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.
Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
- Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
- Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kos sakadang Monyet.