Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda
Kacaturkeun di hiji leuweung, Sakadang Gajah kakoncara sato
anu panggedena. Na hiji waktu manehna neangan kadaharan ka hiji kawasan bangsa
sireum. Bangsa sireum anu leutik ku kadatangan Sakadang Gajah estuning ngarasa
kausik. Imah sireum loba nu katincak nepi ka rusak jeung pabalatak. Antukna Raja
sireum ngawanikeun diri pikeun ngusir Sakadang Gajah sangkan tong neangan
kadaharan di wilayah manehna.
“Yeuh Sakadang Gajah, geura incah ti wilayah kaula. Lantaran kuayana andika imah
rahayat kaula jadi pada rusak.” Pok Raja Sireum ka Sakadang Gajah.
Ngadenge manehna diusir ku sireum
Gajah ukur nyengseurikeun. Kadar ge
sireum sato anu leutik kacida moal walakaya atuh ngalawan manehna. Ceuk Gajah
dina hatena bari terus manehna beuki ngahajakeun neanga kadaharan di wilayah
sireum.
Rahayat sireum beuki ambek. Raja Sireum ngumpulkeun sakabeh rahayatna pikeun ngusir Gajah babarengan. Tapi alih-alih diturutkeun malah Sakadang Gajah beuki ngahaja ngarusak kabeh imah sireum nu aya di dinya.
Ningali Sakadang Gajah nu beuki
ngaremehkeun, rahayat semut anu ngarempug Gajah. Ngarayap ka saawak-awak Gajah.
Aya nu asup ka bujurna. Aya anu asup ka ceulina. Aya nu asup ka taringna irungna jeung sajabana. Terus ku
rahayat sireum Gajah digegelan nepi ka Gajah teh ateuleun teu kuateun. Lantaran
saawak-awak digurumut ku sireum anu loba pisan. Nepi ka Gajah teu walakaya
terus manehna taluk, jangji pikeun ninggalkeun wilayah sireum. Akhirna Raja
Sireum marentahkeun sakabeh rahayatna pikeun eureun ngagurumut awak Gajah. Ti saprak
harita Sakadang Gajah incah kapokeun teu daekeun ngaganggu sireum deui.***