Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
AJI SAKA
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda
Kacarioskeun mangsa kapungkur aya Oray Naga nu tos lami ngalamun
hoyong nyaba ka kahiyagan. Unggal enjing eta Oray Naga teh sok dangdos mapantes
nyalira. Tapi si Oray Naga ngarasa teu ginding kusabab teu ngagaduhan perhiasan,
mangkaning bade nganjang ka Dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna Sakadang Titinggi. Sigana
mun hoyong gaya kedah nambut tanduk ka Sakadang Jago. Mangsa haritamah Jago teh
aya tandukan.
“Aya naon Sakdang Naga ngampeurkeun kula?” ceuk Sakadang Titinggi.
“Puguhan Kuring teh kadieu menta dianteur ka Sakadang Jago,” Si Oray
Naga ngedalkeun maksudna.
“Aya naon make haying dianteur ka Sakadang Jago?”
,“Kuring rek nginjeum tanduk Sakadang Jago pikeun nganjang ka
Kahiyangan,” Sakadang Naga ngedalkeun pamaksudanna ka Sakadang Titinggi ngarah
dianteur. Sakadang Titinggi nyanggupan pikeun nganteur sobatna.
Teu lila Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi indit duaan
nyempeurkeun Sakadang Jado, nu harita keur cindekeum di luhur dahan tangkal
Caringin.
“Sampurasun…. Sakadang Jago…,” ceuk sakadang Titinggi barang
pajonghok jeung Hayam Jago.
“Rampes…. Aya naon Sakadang Titinggi jeung Sakadang Naga tara
tisasari nganjang ka Kaula?” Hayam Jago ngajawab bari tetep cindutrung di luhur
dahan Caringin.
Sakadang Naga ngalieuk ka Sakadang Titinggi sangkan pangomongkeun
maksud kadatanganna kadinya.
“Puguhan kieu Sakadang Jago…. Sobat kula Sakadang Naga bade
nganjang ka kahiyangan. Manehna bade nambut heula tanduk anjeun sabuat ukur
pikeun nganjang. Balik ti kahiyagan tandukna bakal dibalikkeun deui ka anjeun,”
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna Sakadang
Naga.
Lila-lila Sakadang Naga ngarayu. Sakadang Jago tungtungna leeh hatena masihkeun tandukna ka Sakadang Naga.
Sakadang Naga nyarita ka Sakadang Jago,“Tong hariwang sobat, engke
tandukna dibalikeun deui. Dianteurkeun ku Sakadang Titinggi samemeh balebat,
lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere
tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi teh arindit.
Isukna samemeh balebat Hayam Jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali Sakadang
Titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi
tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna berang Sakadang Titinggi
teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok Hayam Jago teh. Tapi weleh
ditunggu nepi kasubuh Sakadang Titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam
jago nepi ka nyancam lamun Sakadang Titinggi datang arek di pacok nepikeun ka
paehna.
Ti harita Hayam Jago teh unggal subuh kongkorongok jeung mun
papanggih jeung Titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh
kungsi ngabobodo.***
Kacaturkeun di hiji
leuweung luwang-liwung. Aya oray sanca keur nawu balong. Eta hulu orang the ngagegel
tangkal huni, buntut buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu.
Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake
nawu baloing tea.
Eta balong ujug-ujug saat
euweuh caian. Keur kitu torojol manuk Gagak datan. Buluna bodas ngeplak kacida.
Ret kanu balong anu saat loba pisan lauk nu matak pikabitaeun. Atuh corokcok
wae laukna dipacokkan nepi kabbeak di eta balong teh.
Nepo kitu Oray Sanca geuwat
ngageunggeureuhkeun,” Yeuh Gagak montong harak jadi mahluk teh… mani nepi
kadibeakkeun kabeh eta lauk di balong…,”
“Keun weh rek dibeakkeun
rek hanteu etamah urusan kula,” ceuk Gagak ngahajakeun beuki rosa macokan
laukna.
“Kurang asem siah Gagak,
sugan kudu dihajar ku aing…,” Oray Sanca ngambek nyampeukeun Gagak. Nempo Oray
Sanca ngambek, manuk Gagak teh geus teg weh manehna bakal dimangsa ku eta oray. Atuh mungguhing boga
jangjang. Keleber weh hiber….
“Sok udag ari bisa mah….,”
Oray Sanca ambek,” Sugan
kudu disebrot maneh ku racun aing Gagak!” Sebrot weh tak oray Sanca nyebrotkeun racunna
Gagak beuki tarik hiberna
sieuneun kena racun oray Sanca anu matih kacida. Keleper…….! Manuk Gagak
ngerahkeun sakabeh tanagana pikeun hiber ngajauhan si ora Sanca. Nepi ka si
Oray Sanca jauh katinggaleun ku manehna.
Barang nempo Oray Sanca
geus teu katingali. Geleper weh manuk Gagak enteup ka handap. Gabruk si manuk teh
enteup asa tepi kena kana urut dudurukan manusa anu tinggal areng hideung.
Brusshhh atuh ngageubrus ka
eta jero areng hideung. Gerepeuk-gerepeuk….. Si manuk gagak satekah polah
kaluar tina tumpukan areng. Barang kaluar, buluna anu tadina bodas ngadadak
jadi hideung lestreng. Atuh pohara
manehna kaget kacida nempo buluna sawak-awak jadi hideung lestreng. Ber ….deui
hibeur neangan balong pikeun mandi. Tapi buluna teu ngatik jadi bodas deui.
“Matak ge jadi sato tong
hawek…,” ceuk oray Sanca nyengeseurikeun manuk Gagak anu ayeuna buluna hideung
lestreng.*
Di hiji leuweung….wanci
haneut moyan. Sakadang Kuda anu gagah kacida moyan bari ngenteung. Mari ngenteung
ka balong manehna neuteup awak jeung dedegan manehna. Sakdang Kuda anu
kakoncara narsis cengar-cengir. “Wih…nyaan kuring sato panggagahna. Awak alus ,
boga tanduk sakieu gagahna. Moal aya deui sato nu sagagah kula…..,” bari ngekek
kuda ngagerentes sorangan.
Torojol, Sakadang
Uncal dating maksudna deuk ngilu nginum di balong. Manehna langsung nyuruput
bakat kuhaus. Nempo kitu kuda anu sombong
haok bae ngambek.
“Heh, uncal…Haling maneh
sato anu hina goring patut. Monntong nginum di balong kula…,”
“Ulah kitu Sakadang Kuda…
Ieu balong milik sarerea…,” Uncal ngahajakeun ngenteung di balong anu kabeneran
caina herang.
“Heh make ngenteung deui.
Teu era kitu maneh sakitu goring patut, teu boga gagah cara kula boga tanduk?”
Kuda bari nyengseurikeun.
Can ge uncal ngajawab,
ujug-ujug aya sore anu ngagaur. Sora maung. Bari patembalan jeung sora sasatoan
anu sejenna anu mencar pada lalumpatan. Sieuneun ditekuk maung.
Nempo kitu Sakadang Kuda
jeung Uncal berebet ngilu kabur lumpat pikeun nyalametkeun diri. Katambah Maung
beuki deukeut terus ngagaur.
“Aummmmm,” maung anu
kalaparan ngudag-ngudak kuda.
Kuda puguh we paburanjat
lumpat. Bari empod-empodan bakat ku sieunn ku maung. Anu kakoncara raja
leuweung anu pangganasna.
Si kuda lumpatna tarik
pisan antukna tisuksruk kana areuy jeung dahan. Tandukna tikarait. Untung harita
Sakadang Maung geus jauh ti manehna. Atuh kuda teh abrug-abruggan rek
ngaleupaskeun tanduk anu tikait. Tapi teu weleh leupas. Nu aya beuki pajeujeut
jeung areuy-areuyan.
Tungtungna Sakadang Kuda
nepi wanci sarepna cicing didinya teu bisa kamamana lantaran tandukna kabeulit
ku areuy-areuyan. Sakadang kuda diuk andiprek bari mikiran kumaha carana
ngaleupaskeun tandukna tina areuy.
Keur kitu, Sakadang Uncal
liwat. Nempo kitu, Sakadang Kuda buru-buru ngaggeroan Sakadang Uncal anu
padahal keur isuk ku manehna dihina.
“Uncal….,” pokna Sakadang
Kuda ngageroan Sakadang Uncal.
“Aya Naon Sakadang Kuda?”
Sakadang Uncal ngarandeg bari nyampeurkeun Sakadang Kuda.
“Hampura kuring geus
ngahina andika. Kuring ayeuna deuk menta tulung pangleupaskeun ieu tanduk
kuring. Bisik ujug-ujug aya Sakadang Maung nyampeurkeun. Teu kabayang mun
kurinng kudu tiwas ku Sakadang Maung…,”
Sakadang Uncal nempo kitu
karunyaeun. Ku manehna Sakadang Kuda ditulungan, nepi ka tandukna bias leupas
tina beulitan areuy-areuyan.
Barang anggeus leupas
Sakadang Maung geus ngagaur nyampeurkeun. Atuh Sakadang Kuda jeung Sakadang
Uncal buru-buru lumpat neangan tempat anu aman. Jauh tina jugjugan Sakadang
Maung.
Bari hahehoh duanana terus
ngaso.
“Sakadang Uncal nuhun
anjeun geus nulungan kula. Kusabab eta kuring rek mikeun ieu tanduk pikeun andika. Mun teu ku andika ditulungan, tiwas kula geus
dirontok ku Sakadang Maung.”
Ceuk Kuda bari
ngaleupaskeun tandukna terus dipakekeun ka Uncal. Ti saprak harita Uncal the jadi
weh tandukan nepi kaayeuna.***
Dina hiji isuk di hiji leuweung. Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya
papanggih deukeut hawangan. Maranehanna ngobrol bari moyan. Sakadang Monyet mulai
nunjukkeun kasombonganna.
“Heh, Sakadang Kuya… meneh nyaho teu? Kula kaasup sato di ieu
leuweung anu lumpatna pangtarikna…,”
“Enya kitu? Ah mun kitu hayu balapan jeung kula..” Ceuk Sakadang
Kuya ngarasa ngewa sapedah Sakadang Monyet unggal ngobrol sok ngagulkeun
dirina.
“Naon? Andika ngajak balap jeung Kula? Teu salah?” cakakak atuh
Sakadang Monyet nyengseurikeun.
Sakadang Kuya unggek.
“Heh Sakadang Kuya andika boro-boro balap lumpat lempang ge
saengkog-saengkog estuning matak kesel nu nungguan…. Ulah ngimpi hirup the yeuh
Sakadang Kuya…,” cakakak deui Sakadang Monyet mani ngeunah seuri.
“Eh, sembarangan. Hayu urang buktikeun. Isukan ku kuring andika
ditunggu didieu! Kuring deuk make baju anu buluna bodas di luhur sirah sangkan
andika bisa nyaksikeun kuring lumpat di luhur jukut anu luhur. Yuk urang
patarung balap lumpat ngaliwatan opat anak
gunung Cireme nu luhur ieu. Saha anu diantara urang bakal nepi ka anak gunung
nu kaopat tiheula. Hartina manehna nu meunang. Kumaha? Andika wani?” Eta
Sakadang Kuya pok nyarita panjang kali lebar estuning bener-bener serius.
Atuh Sakadang Monyet nyengir bari seuri cakakakan.”Ari andika keur
ngimpen? Saha anu bisa nandingan kula dina lumpat di ieu leuweung? Duh Sakadang
Kuya….. Cing hayu urang buktikeun!” pokna deui bari ngaremehkeun.
“Menggeus tong sombong heula Sakadang Monyet…. Hayu urang
buktikeun isukan nya….,” pok Sakadang Kuya bari neuteup Sakadang Monyet anu
masih cengar-cengir teu percaya ku tantangan Sakadang Kuya. Jauh di jero hatena
mah Sakadang Kuya ngaku yen manehna moal bakal meunang balap lumpat ngalawan
Sakadang Monyet. Tapi Sakadang Kuya geus teu kuat ngadenge kasombongan Sakadang
Monyet salila ieu.
Teu karasa waktu geus nepi ka tengah poe. Sakadang Kuya mulang ka
imahna bari nyiapkeun siasat. Manehna ngumpulkeun sakabeh dulurna. Sakabeh Sakadang
Kuya sadudulur kudu make bulu anu warna bodas di luhur sirah maranehannana,
jeung nyokot posisi diluar jalur balap lumpat anu geus ditangtukeun jeung
Sakadang Monyet. Aya anu sia-siap di handapeun juranng, aya anu cangogo di
luhur gunung, jeung disababaraha tempat anu geus ditangtukeun. Sementara manehna
siap-siap di anak gunung kaopat nu dijangjikeun minangka tempat finish dina adu
lumpat harita.
Isukna Sakadang Monyet dating ka sisi hawangan kalayan sombong. Manehna
deuk nempo bulu bodas nu ayaa di sela jujukutan. “Wah bener sigana Sakadang
Kuya menggeus siap pikeun diadu lumpat jeung kula…,” pikir Sakadang Monyet.
“Awas….Siap…Mulai…!” Ceuk Sakadang Monyet kalayan sora anu
lantang. Berebet Sakadang Monyet lumpat. Ditukang Sakadang Kuya tinggaleun di
tukang.
Barang nepi ka anak gunung kahiji, pohara kagetna Sakadang Monyet
nempo Sakadang Kuya geus aya di luhur gunung. Estuning teu nyadar mun manehna
keur dibobodo ku Sakadang Kuya. Sakadang Monyet nambah lincah lumpatna bari teu
poho gugulayutan jeung loloncatan nyekel ka dadahanan. Manehna naek gunung
turun jurang. Tapi barang nepi ka gunung nu kadua, Sakadang Kuya sihoreng geus
dihareupeun. Atuh Sakadang Monyet beuki panas. Nepi teu karasa ngaliwatan
gunung katilu. Nepi ka gunung kaopat di garis finish adu lumpat.
Saat Monyet hampir mencapai bukit pertama, ia kaget melihat
kura-kura sudah berada di atas bukit. Tidak radar bahwa ia sedang dikerjai
kura-kura, Monyet menambah kencang larinya dan berhasil mendahului kura-kura di
atas bukit pertama. Namun, saat menuruni bukit, Monyet kembali melihat
kura-kura sudah berada di lembah.
Monyet semakin mempercepat larinya menyusul kura-kura di lembah. Tapi, menjelang bukit kedua, lagi-lagi Monyet mendapati kura-kura telah mendahuluinya berada di atas sana. Begitu seterusnya hingga di lokasi ketiga. Monyet selalu mendapati kura-kura telah ada di depannya, di sepanjang jalur lomba. Barang rek nepi pisan ka garis finish, ari pucunghul Sakadang Kuya dihareupeun nyorakan Sakadang Monyet.
“Kula Meunang…. Kula Meunang,” ceuk Sakadang Kuya bari cakakak
nyengseurikeun Sakadang Monyet nu kakara nepi. Atuh harita Sakadang Monyet anu
biasna sombong ngadadak tungkul kaeraan ku Sakadang Kuya anu salila ieu
terkenal leumpangna saengkod-saengkod.***
Mangsa
baheula, aya dua urang putri kaputren anu kawentar geulis campernik di Karajaan
Pasundan. Nyaeta Purbalarang jeung Purbasari.
Raja Pasundan
maot, Purbasari ditunjuk pikeun ngagantikeun tahta Karajaan Pasundan.
Purbararang ngadangu kitu manehna teu narima. Akhirna Purbararang ngadatangan
hiji dukun matih anu kawentar ngabogaan sihir anu sakti mandraguna.
“Nek,”
ucap Purbararang ka dukun sakti.
“Dawuh
Tuan Putri naon nu dipikahoyong nepangan Kula?” ceuk eta dukun.
“Kula
menta Purbasari diteluh supaya sakujur awakna kena panyakit kesrek anu bau
kacida. Supaya Si Purbasari dipiceun diasingkeun ti karajaan,” ceuk Purbararang
kalayan pinuh ku rasa ijid ka Purbasari.
“Hihihi…
gampang Tuan Putri… Ayeuna keneh Putri Purbasari bakal teu walakaya lantaran
ngarasa gateul jeung kesrek saawak-awak…..,” Ceuk dukun bari ngabacakeun
mantera di hareupeun dupa anu ngebul.
Etaa dukun
mere hiji ramuan anu kudu dicampurkeun ka pamandian Purbasari. Purbasari mulang
ka imahna. Anu dituju tempat pamandian Purbasari. Harita keneh eta ramuan ti
dukun diaspukeun ka pamanndianna. Teu lila Purbasari dikawal ku para dayang
asup pikeun mandi. Purbasari pura-pura ka ulin ka Taman Istana bari ngudag
kupu-kupu anu eunteup di luhur tangkal kembang.
Sabot
keur newak kupu-kupu, manehna ngadenge Purbasari gateul saawak-awak barang
kaluar ti pamandian. Malah tina kulitna melepuh siga nu kesrek jeung ngalurkeun
bau bugang buralengan.
Geus loba
tabib anu didatangkeun pikeun ngobatan Purbasari tapi euweuh nu mempan. Kasawat
kulitna tambah bau buralengan. Nu akhirna pihak Karajaan kapaksa pikeun
ngasingkeun Purbasari di Leweung geledegan lantaran bau tina panyakit kulitna
nimbulkeun bau bugang nepi sakulibeng istana karajaan.
Salila di
leuweung, Purbasari ceurik ngabingingik nyengceurikan nasibna. Ceurikna Purbasari
anu sesenggikkan kadangu ku Sakadang Lutung anu harita keur ulin lebah dinya
bari luluncatan neangan bubuahan.
Eta lutung
nyampeurkeun Putri Purbasari anu keur ceurik ngabingingik di hiji saung di
tengah leuweung geledegan.
“Kunaon
nyai?”
Purbasari
teu ngawaler manehna nunjukkeun sakujur awakna anu pinuh ku panyakit kulit.
“Deudeuh
teuing nyai yuk jeung akang urang piceun ieu kasawat kulit the,”
Ku Lutung
Purbasari diajak ka hiji balong nu caina herang
gagenclang. Di eta balong Purbasari disuruh mandi. Purbasari anu geus
baluweng manehna nurutkeun Sakadang Lutung. Barang anggeus mandi saharita keneh
sakabeh panyakit kulitna leungit teu sakaba-kaba.
Purbasari
mulang deui ka istana. Purbararang tambah panas.Manehna kasieunan mun Purbasari
rek ngarebut tahta karajaan anu ayeuna geus jadi kakawasaannana. Akhirna Purbararang
kalayan terang-terangan ngajak taruhan pikeun rebutan tahta karajaan.
“Heh
Purbasari kuring bakal nyerahkeun ieu tahta mun anjeun boga tunangan anu leuwih
kasep batan tunangan kula,” ceuk Purbararang bari nempo Sakadang Lutung kalayan
sinis.
Purbasari
ukur tungkul teu ngajawab ucapan lanceukna.
“Dasar
maneh rajeun aya nu bogoheun monyet lutung…hihihi…,” ceuk Purbararang bari
ngahina Sakadang Lutung terus ngabanggakeun tunangannaa nu harita aya di
gigireunna.
Purbasari
teu ngalayanan lanceukna. Manehna ngajak Sakadang Lutung pikeun maturan asup ka
kamerna.
Purbararang
anu can puas ngahina Purbasari. Manehna ngumpukeun sakabeh personal karajaan,
para dayang, menteri jeung kabeh ponggawa jeung tentara karajaan. Maksud dikumpulkeunna,
pikeun ngenalkeun tunangan masing-masing.
Barang dikenalkeun
ka sakabeh kulawarga karajaan jeung balatentara. Sakadang Lutung ukur sakedip
geus robah wujud jadi hiji Pangeran anu kasep kabina-bina.
Harita keneh
Purbararang kaeraan tungtungna kapaksa nyerahkeun karajaan ka Purbasari.
Kacaritakeun Bupati R. Aria
anu Julukanna Dalem Solawat, atanapi Dalem Santri, mindahkeun puser dayeuh
Purwakarta ka Wanayasa, kulantaran sering caah alatan di hawangan Citarum
Karawang. Sanggeus mindahkeun puser
dayeuh kacumponan Bupati mindahkeun deui kabupaten ka Lebak. Disebut Lebak
alatan Wanayasa aya diluhur, di suku Gunung Burangrang.
Dalem Santri atawa Bupati
Purwakarta harita munajat ka Hyang Agung. Anjeunna kenging ilapat pikeun nyieun
puser dayeuh Purwakarta. Bupati manggil Wadana pikeun neangan tempat anu mantes
dijadikeun puser dayeuh kabupaten.
Dina impian dalem yén
tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya
kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu. Terus Bupati the nyarita ka Wadana anu
harita nelah Mamang Cutak.
“Mamang Cutak, wengi kula
ngimpen, aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya
kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu. Tah ku kituna bral Mamang geura miang
pikeun ngajugjug eta patempatan,” ceuk Dalem Santri ka Wadana atawa Mamang
Cutak.
“Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh bade
milari éta patempatan !”
Saterusna mamang Cutak téh
nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna
ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat
anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung
Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu
persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh,
saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan
dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat
téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap
asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu
pikaasiheun.
Nurutkeun carita, harita
aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ? lmu pangaweruh
Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa
pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka
Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.
Purbasari dijenengkeun
cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki
ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit
deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.
Kalungguhan Cutak di
Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku
cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ.
Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina
lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu
kiwari jadi lemah Karesidénan.
Atuh urut pangguyangan
badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ
Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén
Purwakarta.
Di hiji leuweung, kacaturkeun aya
Sakadang Anjing anu nyobat dalit kacida jeung Sakadang Bagong. Saking nyobatna
eta dua sato teh kawentar kamamana bareng, ceuk paribasana mah geus siga jeung
dulur. Dimana aya Sakadang Anjing, didinya aya Sakadang Bagong.
Dina hiji waktu, tengah peuting
jemplang-jempling. Ujug-ujug Sakadang Anjing babaung bari teu puguh sabab.
Sakadang Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar.
“Heh Andika nanaonan make babaung
sagala…? Ieu teh tengah peuting…,”
Anjing anu keur sedih kinkin dikitukeun
kacida nyerieun hatena. Komo atuh da Sakadang Bagong teu sidikna nyarekanan
nepi ka elak-elak dasar.
Anjing ninggalkeun Bagong. Di jalan
Sakadang Anjing paamprok jeung manusa. Terus harita nyarita ka manusa pikeun
menta tulung. Eta manusa nyanggupan pikeun nulungan Sakadang Anjing.
Sakadang Bagong barang nyahoeun Anjing
menta tulung ka manusa, manehna embung eleh. Terus ngadeukeutan Sakadang Oray,
ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang,
sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana
liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu
ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema
téh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.
Sanggeus asak badamina, gancang baé
bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik
sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu
deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik
supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.
Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé
umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku
sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut
bandring geus samakta.
Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu
hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus
dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di
buruan imah kokolot.
Barang geus cunduk ka waktu datang ka
mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa
pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu
bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida
reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya
hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya
kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.
Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka
leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan
jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak
anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*
Kacarioskeun mangsa beheula
pisan, dimana kahirupan tanah Jawa masih sabagean mangrupa leuweung anu
dikawasa ku para raja di mangsa harita. Kahirupan mangsa harita percaya yen
urang sadaya di bawah kakuasaan karajaan langit Batara Guru. Kacaturkeun Batara
Guru ngawangun istana megah di kahyangan. Sadaya rahayat diwajibkeun ngilu
gotong royong ngawangun istana. Saha wae rakyat anu males teu icikibung pikeun
gotong royong ngawangun istana ku Hyang Batara dipasihan hukuman, nyaeta
leungeun jeung sukuna bakal dibuntungan.
Ngadangu kitu, Antaboga, nu
harita jadi dewa oray kacida hariwagna
lataran manehna teu ngabogaan suku komo deui leungeun pikeun mantuan ngawangun
istana kahyangan. Lamun manehna teu icikibung, Hyang Batara bakal motong
sirahna. Kulantara inggis ngadangu ancaman Hyang Batara, Antaboga antukna incah
nyampeurkeun Batara Narada pikeun neangan solusi. Tapi Batara Narada salaku
dulurna Batara Guru anu nyekel kakawasaan harita teu bisa nulungan atawa mere
solusi nanaon ka manehna. Tuntungna Antaboga ceurik sorangan ngumbar
kasedihanna ngabayangkeun hukuman nu bakal ditarima ku manehna.
Dina waktu keur ceurik balilihan, keclak tilu keclak cai matana robah jadi
mustika mangrupa tilu endog. Eta endog, cangkangna ngaluarkeun sinar endah
kacida. Ningali kitu Batara Narada ngusulkeun sangkan eta endog dijadikeun
persembahan ka Hyang Batara minangka gaganti Antaboga supaya bebas tina hukuman
potong sirah.
Antaboga nurut kana saran
Batara Narada mawa endog anu mangrupa mustika
ka Hyang Batara. Eta mustika disimpeun di sungut Antaboga, si dewa oray
tea.
Di perjalanan amprok jeung
Manuk Gagak. Terus ditanya tapi Antaboga anu keur ngulum mustika endog teu bisa
ngajawab lantaran sieun endogna murag. Manuk Gagak nyangkana Antaboga sombong,
atuh ngadon dipacok weh eta dewa oray teh nepi ka dua endogna kaluar ti
sungutna terus pecah. Tungtungna nu aya keneh di sungut manehna ukur tinggal
hiji deui. Barang rek dipacok deui ku Manuk Gagak, buru-buru Antaboga kabur
ninggalkeun Manuk Gagak.
Barang nepi ka Batara Guru, eta endog nu tinggal hiji deui disanggakeun ku
Antaboga mangrupa gaganti manehna kerja bakti. Batara Guru narima eta
sesembahan tapi Antaboga kudu ngereman endogna sorangan di istana. Kacaturkeun endog
diereman ku Antaboga teh akhirna neteskeun
hiji orok anu geulis kacida. Eta orok teh daingkat anak ku Batara Guru. Si
orok teh diaranan Nyi Pohaci Sanghyang Sri.
Nyi Pohaci Sanghyang Sri teu karasa mingkin gede nepi ka jadi gadis
rumaja anu geulis teu aya bandingna. Kageulisan anjenna ngelehkeun sadaya dewi
di kahyangan.
Ningali kageulisan Nyi
Pohaci, Batara Guru teu bisa nahan nafsuna. Anjeunna ngalamar anak angkatna
pikeun jadi selirna. Pamaksudan Batara Guru ngaguncangkeun sadaya dewa jeung
dewi kahyangan anu dianggap geus nyimpang tina tataan kahyangan.
Para dewa kahyangan rempugan
pikeun misahkeun Batara Guru jeung anak angkatna nu rek dijadikeun selir
manehna. Nyi Pohaci Sanghyang Sri akhirna diracun nepi ka tiwas, bubunian ti
Batara Guru. Sangkan teu kanyahoan ku Batara Guru jenazah Nyi Pohaci dibawa ka
bumi terus dikurebkeun di hiji tempat anu kacida bunina.
kacaturkeun di luhur kuburan Ni Pohaci atawa Dewi Sri kaluar macem-macem
tatangkalan mangrupa tanaman pangan anu loba mangpaatna pikeun kahirupan
manusa. Terus di pusara kuburan Nyi Pohaci kaluar tangkal pare anu dijadikeun
kadaharan pokok masyarakat tanah jawa. Kusabab eta Dewi Sri disebut Dewi pare
lantaran tangkal pare mimitina aya kaluar tina pusara kuburan Dewi Sri.***
Sangkuriang
Kacaturkeun di Tatar
Sunda aya hiji karajaan. Ngagaduhan hiji
putri anu geulis kabina. Eta putri dinamian Dayang Sumbi. Dayang Sumbi unggal
pasosore sok nenun lawon pibahaneun dibaturan ku para dayang di leuweung. Nepi
kahiji waktu wayah sarepna. Alat tenunna leupas aya ngacleng ka sela-sela
jukut. Para dayang jeung pangawal anu maturan neangan eta alat tenun anu murag
ngacleng. Tapi weleh teu aya nu manggih.
Nepi akhirna Dayang Sumbi
kaceplosan ngomong, “Saha wae anu manggihan anu alat tenun manehna mun awewe
bakal dijadikeun dulur. Mun lalaki rek dijadikeun salaki. Sanajan iabratna nu
manggih sabangsa anjing,” pokna bari putus pangharepan pedah alat tenun anu
ngacleng teh leungit.ari anggeus Dayang Sumbi cumarita, ngadadak aya angina ngaheos
gede pisan. Teu lila, pucunghul aya Sakadang anjing anu hideung lestreng
nyamperkeun bari ngagegel alat tenun terus diberekeun ka Dayang Sumbi. Atuh
para dayang kabeh ngarongheap barang ningali Sakadang Anjing anu nimukeun alat
tenun. Sakadang Anjing siga nu silih teuteup jeung Dayang Sumbi. Eta anjing
diaranann Si Tumang.
Tisaprak harita eta Si
Tumang kalayan satia maturan Dayang Sumbi uanggal nenun di leuwueng. Nepi
kahiji waktu Dayang Sumbi the reuneuh. Bari
teu kanyahoan saha bapakna. Raja kacida ambekna. Dayang Sumbi dianggap
mawa aib. Tungtungna diasingkeun ka leuwueng dibaturan ku anjingna nyaeta Si
Tumang anu teu weleh satia nepi ka ngalahirkeun. Jabang bayi anu lahir diaranan
Sangkuriang. Lantaran dianggap ngabogaan titisan dewa.
Sangkuriang mulai gede.
Manehna seneng moro uncal ka leuweung pikeun kadaharan indungna. Dina hiji
waktu Dayang Sumbi haying hate daging uncal. Atuh saperti biasana Sangkuriang
dibaturan ku Si Tumang mangkat ti imah ti wayah janari ka leuweung. Sangkuriang
nyuksruk leuweung nepi ka wayah peuting manehna teu manggihann uncal hiji-hiji
acan. Antukna manehna manah Si Tumang nepi ka paeh. Terus dicokot atina pikeun
dibikeun ka indungna.
Barang eukeur balakecrakan
dahar, Dayang Sumbi neangan Si Tumang. Dasar budak, antukna Sangkuriang jujur
yen hate anu didahar ku indungna teh lain hate uncal tapi hate Si Tumang. Atuh
Dayang Sumbi ambek kacida. Sangkuriang sirahna ditakol ku gayung batok nepi
ka geutihna ngaley. Terus diusir ti
imahna. Lantaran Si Tumang the sabenerna bapana Sangkuriang. Anjeunna Dewa anu
dikutuk ka bumi lantaran nyieun kasalahan di khayangan. Anu sabenerna mah geus
dicabut kutukanna saprak Si Tumang paeh dipanah ku Sangkuriang, terus anjeunna
balik deui ka kahyangan pikeun neruskeun pancenna jadi Dewa.
Sangkuriang kalayan sedih
ninggalkeun indungna pikeun ngalalana. Manehna nyuksruk lembur ngaliwatan
leuweung. Nepi teu karasa jadi bujangan anu kasep kacida jeung sakti
mandraguna. Hiji waktu manehna panggih jeung hiji wanoja kacida geulisna. Sangkuriang katarik ati kaeta wanoja. Tur eta
wanoja oge sarua bogohna. Sangkuriang keur bobogohan kitu menta disiaran ka eta
wanoja. Barang disiaran kacida eta wanoja anu sihoreng Dayang Sumbi, indung
manehna. Di sirahna Sangkuriang aya pitak rada dekok urut ditakol ku sinduk
bakok. Harita keneh Dayang Sumbi menta supaya tong neruskeun hubungan asmarana.
Ku Dayang Sumbi diterangkeun yen Sangkuriang anak manehna anu diusir lantaran
maehan Si Tumang. Tapi Sangkuriang tetep teu percayaeun.
Tapi Sangkuriang keukeuh
ngalamar. Akhirna Dayang Sumbi mere sarat lamun Sangkuriang haying ditarima
lamaranna. Sangkuriang kudu nyieun parahu jeung talagana, pikeun lalayaran dina
waktu sapeuting. Kudu anggeus samemeh hayam kongkorongok.
Sangkuriang anu sakti
mandraguna nyanggupan pamenta Dayang Sumbi. Manehna ngeurahkeun para jin ku
kasaktiannna. Nepi ka ukur kejap waktu talaga geus kacipta. Parahu geus anggeus
tinggal dilayaran.
Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun
pagawean anakna. Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah
tutunggulan di saung lisung. Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung
kongkorongok. Di pasir, Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang
(lawon bodas) diabar-abar supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok
mapag nu siga balebat teh.
Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun
panonpoe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah
wetan bet siga balebat tingarudat.
Sangkuriang nambek parahu
anu can anggeus ditajong nepi ka nangkup ke sebrang talaga. Parahu gede anu nagkub kalayan kasaktian
Sangkuriang robah jadi hiji gunung anu nelah disebut Tangkuban Perahu. ***