Friday 19 May 2017

SASAKALA SITU BULEUD PURWAKARTA




Kacaritakeun Bupati R. Aria anu Julukanna Dalem Solawat, atanapi Dalem Santri, mindahkeun puser dayeuh Purwakarta ka Wanayasa, kulantaran sering caah alatan di hawangan Citarum Karawang.  Sanggeus mindahkeun puser dayeuh kacumponan Bupati mindahkeun deui kabupaten ka Lebak. Disebut Lebak alatan Wanayasa aya diluhur, di suku Gunung Burangrang.

Dalem Santri atawa Bupati Purwakarta harita munajat ka Hyang Agung. Anjeunna kenging ilapat pikeun nyieun puser dayeuh Purwakarta. Bupati manggil Wadana pikeun neangan tempat anu mantes dijadikeun puser dayeuh kabupaten.

Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu. Terus Bupati the nyarita ka Wadana anu harita nelah Mamang Cutak.

“Mamang Cutak, wengi kula ngimpen, aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu. Tah ku kituna bral Mamang geura miang pikeun ngajugjug eta patempatan,” ceuk Dalem Santri ka Wadana atawa Mamang Cutak.

 “Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh bade milari éta patempatan !”

Saterusna mamang Cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu pikaasiheun.

Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ? lmu pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.

Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.

Kalungguhan Cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu kiwari jadi lemah Karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.

0 comments:

Post a Comment