Friday 19 May 2017

SASAKALA PARE JEUNG DEWI SRI


Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 


Kacarioskeun mangsa beheula pisan, dimana kahirupan tanah Jawa masih sabagean mangrupa leuweung anu dikawasa ku para raja di mangsa harita. Kahirupan mangsa harita percaya yen urang sadaya di bawah kakuasaan karajaan langit Batara Guru. Kacaturkeun Batara Guru ngawangun istana megah di kahyangan. Sadaya rahayat diwajibkeun ngilu gotong royong ngawangun istana. Saha wae rakyat anu males teu icikibung pikeun gotong royong ngawangun istana ku Hyang Batara dipasihan hukuman, nyaeta leungeun jeung sukuna bakal dibuntungan.

 

Ngadangu kitu, Antaboga, nu harita jadi dewa oray  kacida hariwagna lataran manehna teu ngabogaan suku komo deui leungeun pikeun mantuan ngawangun istana kahyangan. Lamun manehna teu icikibung, Hyang Batara bakal motong sirahna. Kulantara inggis ngadangu ancaman Hyang Batara, Antaboga antukna incah nyampeurkeun Batara Narada pikeun neangan solusi. Tapi Batara Narada salaku dulurna Batara Guru anu nyekel kakawasaan harita teu bisa nulungan atawa mere solusi nanaon ka manehna. Tuntungna Antaboga ceurik sorangan ngumbar kasedihanna ngabayangkeun hukuman nu bakal ditarima ku manehna.


Dina waktu keur ceurik balilihan, keclak tilu keclak cai matana robah jadi mustika mangrupa tilu endog. Eta endog, cangkangna ngaluarkeun sinar endah kacida. Ningali kitu Batara Narada ngusulkeun sangkan eta endog dijadikeun persembahan ka Hyang Batara minangka gaganti Antaboga supaya bebas tina hukuman potong sirah.

Antaboga nurut kana saran Batara Narada mawa endog anu mangrupa mustika  ka Hyang Batara. Eta mustika disimpeun di sungut Antaboga, si dewa oray tea.

 

Di perjalanan amprok jeung Manuk Gagak. Terus ditanya tapi Antaboga anu keur ngulum mustika endog teu bisa ngajawab lantaran sieun endogna murag. Manuk Gagak nyangkana Antaboga sombong, atuh ngadon dipacok weh eta dewa oray teh nepi ka dua endogna kaluar ti sungutna terus pecah. Tungtungna nu aya keneh di sungut manehna ukur tinggal hiji deui. Barang rek dipacok deui ku Manuk Gagak, buru-buru Antaboga kabur ninggalkeun Manuk Gagak.


Barang nepi ka Batara Guru, eta endog nu tinggal hiji deui disanggakeun ku Antaboga mangrupa gaganti manehna kerja bakti. Batara Guru narima eta sesembahan tapi Antaboga kudu ngereman endogna sorangan di istana. Kacaturkeun endog diereman ku Antaboga teh akhirna neteskeun  hiji orok anu geulis kacida. Eta orok teh daingkat anak ku Batara Guru. Si orok teh diaranan Nyi Pohaci Sanghyang Sri.

Nyi Pohaci Sanghyang Sri  teu karasa mingkin gede nepi ka jadi gadis rumaja anu geulis teu aya bandingna. Kageulisan anjenna ngelehkeun sadaya dewi di kahyangan.

Ningali kageulisan Nyi Pohaci, Batara Guru teu bisa nahan nafsuna. Anjeunna ngalamar anak angkatna pikeun jadi selirna. Pamaksudan Batara Guru ngaguncangkeun sadaya dewa jeung dewi kahyangan anu dianggap geus nyimpang tina tataan kahyangan.

Para dewa kahyangan rempugan pikeun misahkeun Batara Guru jeung anak angkatna nu rek dijadikeun selir manehna. Nyi Pohaci Sanghyang Sri akhirna diracun nepi ka tiwas, bubunian ti Batara Guru. Sangkan teu kanyahoan ku Batara Guru jenazah Nyi Pohaci dibawa ka bumi terus dikurebkeun di hiji tempat anu kacida bunina.


kacaturkeun di luhur kuburan Ni Pohaci atawa Dewi Sri kaluar macem-macem tatangkalan mangrupa tanaman pangan anu loba mangpaatna pikeun kahirupan manusa. Terus di pusara kuburan Nyi Pohaci kaluar tangkal pare anu dijadikeun kadaharan pokok masyarakat tanah jawa. Kusabab eta Dewi Sri disebut Dewi pare lantaran tangkal pare mimitina aya kaluar tina pusara kuburan Dewi  Sri.***

0 comments:

Post a Comment