Friday 19 May 2017

KUNAON UNCAL JADI TANDUKKAN?

Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda



 Kacarioskeun mangsa anu disebut mangsa can ayana manusa turun ka dunya. Dimana sakabeh sasatoan bias cumarita. Saalam dunya kabeh mangrupa leuweung luwang-liwung pinuh ku tatangkalan.

Di hiji leuweung….wanci haneut moyan. Sakadang Kuda anu gagah kacida moyan bari ngenteung. Mari ngenteung ka balong manehna neuteup awak jeung dedegan manehna. Sakdang Kuda anu kakoncara narsis cengar-cengir. “Wih…nyaan kuring sato panggagahna. Awak alus , boga tanduk sakieu gagahna. Moal aya deui sato nu sagagah kula…..,” bari ngekek kuda ngagerentes sorangan.

 Torojol, Sakadang Uncal dating maksudna deuk ngilu nginum di balong. Manehna langsung nyuruput bakat kuhaus. Nempo kitu kuda anu sombong  haok bae ngambek.

“Heh, uncal…Haling maneh sato anu hina goring patut. Monntong nginum di balong kula…,”

“Ulah kitu Sakadang Kuda… Ieu balong milik sarerea…,” Uncal ngahajakeun ngenteung di balong anu kabeneran caina herang.

“Heh make ngenteung deui. Teu era kitu maneh sakitu goring patut, teu boga gagah cara kula boga tanduk?” Kuda bari nyengseurikeun.

Can ge uncal ngajawab, ujug-ujug aya sore anu ngagaur. Sora maung. Bari patembalan jeung sora sasatoan anu sejenna anu mencar pada lalumpatan. Sieuneun ditekuk maung.

Nempo kitu Sakadang Kuda jeung Uncal berebet ngilu kabur lumpat pikeun nyalametkeun diri. Katambah Maung beuki deukeut terus ngagaur.

“Aummmmm,” maung anu kalaparan ngudag-ngudak kuda.

Kuda puguh we paburanjat lumpat. Bari empod-empodan bakat ku sieunn ku maung. Anu kakoncara raja leuweung anu pangganasna.

Si kuda lumpatna tarik pisan antukna tisuksruk kana areuy jeung dahan. Tandukna tikarait. Untung harita Sakadang Maung geus jauh ti manehna. Atuh kuda teh abrug-abruggan rek ngaleupaskeun tanduk anu tikait. Tapi teu weleh leupas. Nu aya beuki pajeujeut jeung areuy-areuyan.

Tungtungna Sakadang Kuda nepi wanci sarepna cicing didinya teu bisa kamamana lantaran tandukna kabeulit ku areuy-areuyan. Sakadang kuda diuk andiprek bari mikiran kumaha carana ngaleupaskeun tandukna tina areuy.

Keur kitu, Sakadang Uncal liwat. Nempo kitu, Sakadang Kuda buru-buru ngaggeroan Sakadang Uncal anu padahal keur isuk ku manehna dihina.

“Uncal….,” pokna Sakadang Kuda ngageroan Sakadang Uncal.

“Aya Naon Sakadang Kuda?” Sakadang Uncal ngarandeg bari nyampeurkeun Sakadang Kuda.

“Hampura kuring geus ngahina andika. Kuring ayeuna deuk menta tulung pangleupaskeun ieu tanduk kuring. Bisik ujug-ujug aya Sakadang Maung nyampeurkeun. Teu kabayang mun kurinng kudu tiwas ku Sakadang Maung…,”

Sakadang Uncal nempo kitu karunyaeun. Ku manehna Sakadang Kuda ditulungan, nepi ka tandukna bias leupas tina beulitan areuy-areuyan.

Barang anggeus leupas Sakadang Maung geus ngagaur nyampeurkeun. Atuh Sakadang Kuda jeung Sakadang Uncal buru-buru lumpat neangan tempat anu aman. Jauh tina jugjugan Sakadang Maung.

Bari hahehoh duanana terus ngaso.

“Sakadang Uncal nuhun anjeun geus nulungan kula. Kusabab eta kuring rek mikeun ieu tanduk  pikeun andika. Mun teu  ku andika ditulungan, tiwas kula geus dirontok ku Sakadang Maung.”

Ceuk Kuda bari ngaleupaskeun tandukna terus dipakekeun ka Uncal. Ti saprak harita Uncal the jadi weh tandukan nepi kaayeuna.***

1 comment:

  1. Hatur nuhun, dongeng yang bisa jadi sarana anak-anak belajar basa sunda.

    ReplyDelete