Friday 19 May 2017

LUTUNG KASARUNG





Mangsa baheula, aya dua urang putri kaputren anu kawentar geulis campernik di Karajaan Pasundan. Nyaeta Purbalarang jeung Purbasari.

Raja Pasundan maot, Purbasari ditunjuk pikeun ngagantikeun tahta Karajaan Pasundan. Purbararang ngadangu kitu manehna teu narima. Akhirna Purbararang ngadatangan hiji dukun matih anu kawentar ngabogaan sihir anu sakti mandraguna.

“Nek,” ucap Purbararang ka dukun sakti.

“Dawuh Tuan Putri naon nu dipikahoyong nepangan Kula?” ceuk eta dukun.

“Kula menta Purbasari diteluh supaya sakujur awakna kena panyakit kesrek anu bau kacida. Supaya Si Purbasari dipiceun diasingkeun ti karajaan,” ceuk Purbararang kalayan pinuh ku rasa ijid ka Purbasari.

“Hihihi… gampang Tuan Putri… Ayeuna keneh Putri Purbasari bakal teu walakaya lantaran ngarasa gateul jeung kesrek saawak-awak…..,” Ceuk dukun bari ngabacakeun mantera di hareupeun dupa anu ngebul.

Etaa dukun mere hiji ramuan anu kudu dicampurkeun ka pamandian Purbasari. Purbasari mulang ka imahna. Anu dituju tempat pamandian Purbasari. Harita keneh eta ramuan ti dukun diaspukeun ka pamanndianna. Teu lila Purbasari dikawal ku para dayang asup pikeun mandi. Purbasari pura-pura ka ulin ka Taman Istana bari ngudag kupu-kupu anu eunteup di luhur tangkal kembang.

Sabot keur newak kupu-kupu, manehna ngadenge Purbasari gateul saawak-awak barang kaluar ti pamandian. Malah tina kulitna melepuh siga nu kesrek jeung ngalurkeun bau bugang buralengan.

Geus loba tabib anu didatangkeun pikeun ngobatan Purbasari tapi euweuh nu mempan. Kasawat kulitna tambah bau buralengan. Nu akhirna pihak Karajaan kapaksa pikeun ngasingkeun Purbasari di Leweung geledegan lantaran bau tina panyakit kulitna nimbulkeun bau bugang nepi sakulibeng istana karajaan.

Salila di leuweung, Purbasari ceurik ngabingingik nyengceurikan nasibna. Ceurikna Purbasari anu sesenggikkan kadangu ku Sakadang Lutung anu harita keur ulin lebah dinya bari luluncatan neangan bubuahan.

Eta lutung nyampeurkeun Putri Purbasari anu keur ceurik ngabingingik di hiji saung di tengah leuweung geledegan.

“Kunaon nyai?”

Purbasari teu ngawaler manehna nunjukkeun sakujur awakna anu pinuh ku panyakit kulit.

“Deudeuh teuing nyai yuk jeung akang urang piceun ieu kasawat kulit the,”

Ku Lutung Purbasari diajak ka hiji balong nu caina herang  gagenclang. Di eta balong Purbasari disuruh mandi. Purbasari anu geus baluweng manehna nurutkeun Sakadang Lutung. Barang anggeus mandi saharita keneh sakabeh panyakit kulitna leungit teu sakaba-kaba.  

Purbasari mulang deui ka istana. Purbararang tambah panas.Manehna kasieunan mun Purbasari rek ngarebut tahta karajaan anu ayeuna geus jadi kakawasaannana. Akhirna Purbararang kalayan terang-terangan ngajak taruhan pikeun rebutan tahta karajaan.

“Heh Purbasari kuring bakal nyerahkeun ieu tahta mun anjeun boga tunangan anu leuwih kasep batan tunangan kula,” ceuk Purbararang bari nempo Sakadang Lutung kalayan sinis.

Purbasari ukur tungkul teu ngajawab ucapan lanceukna.

“Dasar maneh rajeun aya nu bogoheun monyet lutung…hihihi…,” ceuk Purbararang bari ngahina Sakadang Lutung terus ngabanggakeun tunangannaa nu harita aya di gigireunna.

Purbasari teu ngalayanan lanceukna. Manehna ngajak Sakadang Lutung pikeun maturan asup ka kamerna.

Purbararang anu can puas ngahina Purbasari. Manehna ngumpukeun sakabeh personal karajaan, para dayang, menteri jeung kabeh ponggawa jeung tentara karajaan. Maksud dikumpulkeunna, pikeun ngenalkeun tunangan masing-masing.

Barang dikenalkeun ka sakabeh kulawarga karajaan jeung balatentara. Sakadang Lutung ukur sakedip geus robah wujud jadi hiji Pangeran anu kasep kabina-bina.

Harita keneh Purbararang kaeraan tungtungna kapaksa nyerahkeun karajaan ka Purbasari. 

0 comments:

Post a Comment