Wednesday 24 May 2017

KUNAON HAYAM KONGKORONGOK SUBUH?





Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda 

Kacarioskeun mangsa kapungkur aya Oray Naga nu tos lami ngalamun hoyong nyaba ka kahiyagan. Unggal enjing eta Oray Naga teh sok dangdos mapantes nyalira. Tapi si Oray Naga ngarasa teu ginding kusabab teu ngagaduhan perhiasan, mangkaning bade nganjang ka Dewa.

Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna Sakadang Titinggi. Sigana mun hoyong gaya kedah nambut tanduk ka Sakadang Jago. Mangsa haritamah Jago teh aya tandukan.

“Aya naon Sakdang Naga ngampeurkeun kula?” ceuk Sakadang Titinggi.

“Puguhan Kuring teh kadieu menta dianteur ka Sakadang Jago,” Si Oray Naga ngedalkeun maksudna.

“Aya naon make haying dianteur ka Sakadang Jago?”

,“Kuring rek nginjeum tanduk Sakadang Jago pikeun nganjang ka Kahiyangan,” Sakadang Naga ngedalkeun pamaksudanna ka Sakadang Titinggi ngarah dianteur. Sakadang Titinggi nyanggupan pikeun nganteur sobatna.

Teu lila Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi indit duaan nyempeurkeun Sakadang Jado, nu harita keur cindekeum di luhur dahan tangkal Caringin.

“Sampurasun…. Sakadang Jago…,” ceuk sakadang Titinggi barang pajonghok jeung Hayam Jago.

“Rampes…. Aya naon Sakadang Titinggi jeung Sakadang Naga tara tisasari nganjang ka Kaula?” Hayam Jago ngajawab bari tetep cindutrung di luhur dahan Caringin.

Sakadang Naga ngalieuk ka Sakadang Titinggi sangkan pangomongkeun maksud kadatanganna kadinya.

“Puguhan kieu Sakadang Jago…. Sobat kula Sakadang Naga bade nganjang ka kahiyangan. Manehna bade nambut heula tanduk anjeun sabuat ukur pikeun nganjang. Balik ti kahiyagan tandukna bakal dibalikkeun deui ka anjeun,”

Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna Sakadang Naga.

Lila-lila Sakadang Naga ngarayu. Sakadang  Jago tungtungna leeh hatena masihkeun  tandukna ka Sakadang Naga.

Sakadang Naga nyarita ka Sakadang Jago,“Tong hariwang sobat, engke tandukna dibalikeun deui. Dianteurkeun ku Sakadang Titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”

Geus kitumah jung weh Sakadang Naga jeung Sakadang Titinggi teh arindit. Isukna samemeh balebat Hayam Jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali Sakadang Titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu datang keneh bae. Nepi ka brayna berang Sakadang Titinggi teu datang-datang.

“Keun sugan cenah peuting engke” pok Hayam Jago teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh Sakadang Titinggi teu datang keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun Sakadang Titinggi datang arek di pacok nepikeun ka paehna.

Ti harita Hayam Jago teh unggal subuh kongkorongok jeung mun papanggih jeung Titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.***

 

0 comments:

Post a Comment