Wednesday 24 May 2017

GAGAK JADI HIDEUNG




Naskah Karya Anonim nu tos diadaptasikeun kana basa Sunda ku 

Kacaturkeun di hiji leuweung luwang-liwung. Aya oray sanca keur nawu balong. Eta hulu orang the ngagegel tangkal huni, buntut buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.

Eta balong ujug-ujug saat euweuh caian. Keur kitu torojol manuk Gagak datan. Buluna bodas ngeplak kacida. Ret kanu balong anu saat loba pisan lauk nu matak pikabitaeun. Atuh corokcok wae laukna dipacokkan nepi kabbeak di eta balong teh.

Nepo kitu Oray Sanca geuwat ngageunggeureuhkeun,” Yeuh Gagak montong harak jadi mahluk teh… mani nepi kadibeakkeun kabeh eta lauk di balong…,”

“Keun weh rek dibeakkeun rek hanteu etamah urusan kula,” ceuk Gagak ngahajakeun beuki rosa macokan laukna.

“Kurang asem siah Gagak, sugan kudu dihajar ku aing…,” Oray Sanca ngambek nyampeukeun Gagak. Nempo Oray Sanca ngambek, manuk Gagak teh geus teg weh manehna bakal  dimangsa ku eta oray. Atuh mungguhing boga jangjang. Keleber weh hiber….

“Sok udag ari bisa mah….,”

Oray Sanca ambek,” Sugan kudu disebrot maneh ku racun aing Gagak!” Sebrot weh tak oray Sanca nyebrotkeun  racunna

Gagak beuki tarik hiberna sieuneun kena racun oray Sanca anu matih kacida. Keleper…….! Manuk Gagak ngerahkeun sakabeh tanagana pikeun hiber ngajauhan si ora Sanca. Nepi ka si Oray Sanca jauh katinggaleun ku manehna.

Barang nempo Oray Sanca geus teu katingali. Geleper weh manuk Gagak enteup ka handap. Gabruk si manuk teh enteup asa tepi kena kana urut dudurukan manusa anu tinggal areng hideung.

Brusshhh atuh ngageubrus ka eta jero areng hideung. Gerepeuk-gerepeuk….. Si manuk gagak satekah polah kaluar tina tumpukan areng. Barang kaluar, buluna anu tadina bodas ngadadak jadi hideung lestreng. Atuh  pohara manehna kaget kacida nempo buluna sawak-awak jadi hideung lestreng. Ber ….deui hibeur neangan balong pikeun mandi. Tapi buluna teu ngatik jadi bodas deui.  

“Matak ge jadi sato tong hawek…,” ceuk oray Sanca nyengeseurikeun manuk Gagak anu ayeuna buluna hideung lestreng.*

0 comments:

Post a Comment