AJI SAKA

Disadur kana Basa Sunda kenging: Yiyin Jayinah


Kacarioskeun mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung jarang kasorang ku manusa. Aya  hiji karajaan namina Medang Kamulan anu diparentah ku hiji  raja namina Prabu Dewata Cengkar anu buringhas sarta resep neda jalmi. Saban dinten sang raja ngamangsa saurang jalmi anu dibawa ku Patih Jugul Anom. Kaayaan ieu ngakibatkeun rahayat di nagari Medang Kamulan estuning hirup dina kasieun. Nu antukna seueur anu ngungsi ka karajaan sanes pikeun nyalametkeun diri ti Prabu Dewata Cengkar.
Di hiji lembur Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka anu sakti, purah tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun nulungan saurang aki-aki anu nuju dianiaya ku dua begal. Eta aki-aki akhirna ditulungan terus dijadikeun bapak angkat ku Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh salah saurang pengungsi ti Medang Kamulan.
“Janten aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan?” tumaros Aji Saka ka eta aki-aki.
“Sumuhun, Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah ku hiji raksasa anu buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal dinten ponggawa karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus kolot siga aki pikeun jadi mangsa Prabu....,” saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan di nagarana.
Ngadangu  carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata Cengkar, Aji Saka ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita keneh Aji saka indit ka Medang Kamulang.
Nepi ka Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung halangan ti ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung jurig nyiri wuri nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka tarung salami tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna, kulantaran Aji Saka nampik pikeun  dijadikeun budak ku jurig leuweung.
Aji saka anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig leuweung nepi ka eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka neraskeun lalampahanana pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu Dewata Cengkar nuju ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak  korban pikeun kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
“Sampurasun Sang Prabu,” saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
“Rampes.......Haha.....saha andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng matak lapar ieu tikoro aing.....Hahaha...,” Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka anu keur ngamuk ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di hareupeunna.
“Ampun Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade dikumahakeun.....,” saur Aji Saka.
“Bener andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa?” Prabu Dewata Cengkar bari niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka nyingcet, bari pok, “Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa Sang Prabu tapi nuhunkeun syarat!”
“Hahaha..... Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal dikabulkeun ku kaula.... hahaha...,” saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat nahan lapar ningali Aji Saka.
Aji Saka muka sorban anu dipakena, terus saurna,”Syaratna sim kuring nuhunkeun imbalan tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.”
“Tanah karajaan salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah..... Ku kula pasti dikabulkeun...!” Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya asagempa bumi.
“Ampun Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya janten mangsa Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat sim kuring kangge ngukur  tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur diwatesan.... Sumangga sim kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu!” ucap Aji Saka deui.
“Haha......hayu ayeuna keneh ku kaula diukurkeun....,” Sang Prabu bari nyandak sorban Aji Saka pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan. Eta sorban terus manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban ngaleuwihan tanah Karajaan Medang Kamulang.  Prabu Dewata Cengkar kontan ngamuk kulantaran ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu Dewata Cengkar ngamuk, ujug-ujug aya angin gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban Aji Saka meulit awak sang Prabu, nepi ka sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta sorban. Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah sang Prabu nepi ka meulit kadua leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang Prabu teu bisa kukumaha.
“Auwwww......,” teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara laut kidul anu ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg ombak gede tilelep ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui. 

Kajadian ieu, estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang. Lantaran sadaya rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun ku rahayat pikeun mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti saprak harita Karajaan Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera. 

HAYAM KONGKORONGOK SUBUH

Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

GAGAK JADI HIDEUNG



Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

CIPEUCANG

Kacatur kacaritakeun ceuk kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.

Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.

Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.

MIMITINA UNCAL JADI TANDUKAN


 Kacaturkeun mangsa baheula.... Mangsa dunya masih mangrupa leuweung. Mangsa sasatoan silih cumarita sakumaha manusa ayeuna.
Di hiji leuweung..... Dina hiji poe,kira wanci haneut moyan. Sakadang Kuda nangtung sisi talaga, ngadon moyan bari ngeunteung kana cai.         
Bari ngeunteung teh manehna ngomong sorangan, “Bener kasep, gagah aing teh. Awak lampayat, tanduk rangakgak jeung sareukeut deuih. Moal aya , sato anu ginding kawas aing, anu boga tanduk sakieu alusna..”
Sabot muji maneh, jol aya uncal nyampeurkeun. Rek ngadon nginum gigireun kuda. Kuda ujug-ujug haok bae ngambek bari molotot. Omongna, “Heh Uncal ! Rek naon kadieu? Haling kaditu. Ulah ngiruhan cai paranti nginum kuring. Maneh mah teu kudu ngeunteung. Da geus tetela, suku pacer goreng patut, teu boga tanduk kawas aing."
Keur kitu aya maung disada ngagaur tikajauhan.  Kuda jeung uncal beretek bae lalumpatan. Patarik-tarik. Sieuneun ditekuk maung. Kuda lumpat pangheulana, karepna rek nyumput dinu buni.
Tapi tandukna tikait kana areuy-areuyan. Atuh teu bisa kebat lumpatna.
Sanajan manehna abrug-abrugan tandukna teu lesot. Malah beuki kapuket ku areuy,
Teu kungsi lila, jol datang uncal kadinya. Ceuk kuda. “ eh sakadang uncal tulungan kuring, ieu tanduk kuring tikait kana areuy, meni pageuh kieu” Uncal karunyaeun tuluy areu-areuy anu melit kana tanduk teh digegelan nepi paregat. Geus kitu belenyeng bae kuda jeung uncal teh lalumpatan deui. Sieuneun kasusul ku maung.
Hadena maung teh teu kebat ngudagna. Ditempat nu aman kuda jeung uncal areureun. Kuda ngomong ka uncal. “ sakadang uncal, nuhun pisan kaula geus ditulungan ku sampean. Mun teu ditulungan ku anjeun mah meureun kuring teh geus tewas ditekuk maung. Pikeun pamulang tarima, ieu kaula masrahkeun tanduk. Prak pake ku sampean turun tumurun. Hatur nuhun uncal.”

Tanduk kuda teh rap dipake ku uncal nepi ka kiwari. Tah kitu dongengna sasakala mimiti gaduh tanduk dina huluna. Ti saprak harita, eta sakadang Uncal teh tandukan nepi ka ayeuna.****

KUYA JEUNG MONYET NGALA NANGKA


Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh estuning nyobat dalit pisan.
Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu, kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah, reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, “Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”
Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho, kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. “Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk, hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.” Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah, Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka dieu!” cenah.
Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang Monyét, ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu némbalan.
Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét, tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.


LUTUNG KASARUNG


Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.
Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.
Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”
Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.
Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.
Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”
“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.
Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”
Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.
Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”
Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.
Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.
“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”
“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.
“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”
Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!
“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”
Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.
“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”
Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.
Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.
“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”
“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”
Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.
“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.
Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.
Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.
Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.
Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.
Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.
Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.
Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.
Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.
Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.


SASAKALA SITU BULEUD PURWAKARTA


Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu nyubet Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa. 
Saenggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud p ikeun mindahkeun deui kabupatén ka belah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang.
Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sangkan cita-citana tinekan. Waktu mujasmedi, Dalem Santri meunang ilapat. Saenggalna anjeunna ngageroan cutak, ayeuna mah wadana.
Eta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu.
“Mamang Cutak, peuting téh kaula ngimpi, ari dina impian téh urang kabéhanana aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu.
Ku kituna, ayeuna kénéh mamang gera miang! Jugjug éta patempatan! Upami geus kapanggih, geuwat lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.
“Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh Mamang seja permios bade milari éta patempatan !”
“Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.
Gancangna carita cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti anu dipisaur ku Dalem téa. Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kai jeung kakayon séjéna rembet kénéh matak hésé lumangku gagancangan. Komo wates tungtung kulon Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon téh jalana ogé rumpil. Atuh cutak jeung dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay jalan pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian Dalem.
Saterusna cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu pikaasiheun.
Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ?lmu pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.
Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.
Kalungguhan cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu kiwari jadi lemah Karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.

ANJING JEUNG BAGONG


Jaman baheula anjing jeung bagong téh sobat dalit, tara aya pacogrégan naon-naon. Ari dina hiji poé anjing babaung. Bagong kacida ngéwaeunana, nepi ka nyarékan laklak dasar. Anjing nyerieun haténa, sarta tuluy nyarita ka babaturanana. Atuh babaturanana ogé pada milu nyeri haté, bari ngajak ngajorag bagong. Méméh ngajorag, menta tulung ka jelema. Ku jelema disanggupan.
Bagong-bagong sanggeus meunang béja yén anjing rék ditulungan ku jelama, maranéhna gancang baé ménta tulung ka oray, ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang, sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema téh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.
Sanggeus asak badamina, gancang baé bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.
Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut bandring geus samakta.
Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di buruan imah kokolot.
Barang geus cunduk ka waktu datang ka mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.

Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*

SASAKALA PARE JEUNG DEWI SRI


Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman endah sinareg damai nyaeta “Ytaman Sorga Loka”. Dina tempat eta cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan Ibu” nu keur nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”. Dewi Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” mangrupikeun hiji kabutuhan hirup kabeh .Mireng hal eta , Sunan Ibu miwarang sangkan Dewi Sri angkat ka Buana Panca Tengah.
Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah nupenting mangkatna dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda ‘’. Permohonan Dewi Sri oge dikabulkeun ku Sunan Ibu .Saencan mangkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda calik bersemdi nuhunkeun petunjuk Hiang Dewanata . Saentos angges semedi sinareng kenging petunjuk, sareng kasaktianna anu ngan dina waktos sakejap, rupa Dewi Sri ngabentuk jadi saiji endog.
Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi endog, disimpen dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang Kencana”. Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka satiap panjuru kaler –kidul-ngulon-ngetan’anu akhirna  dina hiji mangsa CUPU GILANG KENCANA kabuki jeng endoganu aya di jerona murag.
Ges jadi kahayangna anu maha kawasa ,endog nu eta teh murag di hiji tempat anu mana eta tempat dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’.Dewa Anta anu terangen di tempat cicingna aya endog ,mangkana eta endog teh di ingu .sangges sabaraha waktos lamina ,eta si endog teh netes nya terus lahir  hiji wanoja anu gelis  anu te aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta DEWI SRI.
Dina sajeroning kadewasaannana anu gelis pisan ,mangkana kasebar barita ka sakabeh nagara pedah kageulisannana ejeng  sang putri, terus pada daratang para raja rajaanu maksudna rrek ngalamar sang putrid anu rek di jadikeun pameswari.
Dewi Sri ngengingken pinangan ti para raja, tapi DEWI Sri hente ngarasa bungah pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus ngingkar tugas dimandetkeun kamanehna. Kaunggal raja oge entos dijelasken yen maksad kalahirana eta sanes padu jeung neangan calon salaki, tapi jeung ngalaksanakeun tugas ti Sunan Ibu di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo nganugrahkeun “CIHAYA” ka nagara gelar Buana Panca Tengah.
Tapi, sanajan katerangan parantos disampekeun, lamaran terus wae daratangan jeung ku sabab kitu akhirna Dewi Sri nagaraos tekanan batin jeung udur. Beuki lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah dugi ka dongkap waktos Sang Putri nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun, erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa, Dewi Sri  oge maot.
Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan. Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-nini nu keur milarian suluh jeung milarian dahareun kanggo bekel hirup duaan.
Waktos aki jeung nini kenging hiji pusara nu parantos jadi pepelakan ku pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jdi tangkal bubuahan, dna bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna jadi tangkal aren (enau=gula) sareng hiji pepelakan anu mani aneh jeung can pernah aki jeung nini nimukeun eta tangkal, jeung kakara ningalna oge. Nyaeta srangkai tatamgkalan nu dauna sae buahan keur hejo keneh buluan sae oge.
Akhiirna aya niatan ti aki jeung nini kanggo miara eta tangkal aneh teh jeung dibersihkeunna pusara jeung sakuliring tangkal eta. Sakitu tina poe ka poe minggu ka minggu  ku kasabaran jeung katekunan pepelakan eta dipiara teh. Teu karaos waktos parantos bulanka 5, buah nu tadi hejo the ngeusi pinuh, jadi buah nu sadahan eta tungkul saking ku beuratna. Ku kasbaran jeung kayakinan salain itu haying nyaho sampe kumaha jeung naon sabenerna eta tangkal aneh. Saentos sababaraha lami bede ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta the jeung siki siki buah tadi teh jadi koneng jeung resep katempona.
Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan diala eta buah the diasaan hela pak the eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa jeung seuneuna kanggo meuleum menyan kanggo menta idin ka “Hiang Widi”. Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal nu dimaksad jeung mani ngejat akijeung nini eta pedah dina dahan anu dipotong tadi ngaluarkeun cai bening sinareng seungit, tapi kanggo aki jeung nini henteu hanjakal kusabab apal yen kajadian ieu parantos jdi kahoong nu kawasa.
Tapi aya niatna kanggo melak eta tangkal deui, jeug siki siki buah tadi dipelak deui disakuliring pusara Dewi Sri. Kaajaibanna oge kajadian deui kusabab ku sakerejep ge siki siki tadi hirup jeung entos buahan koneng oge. Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang sampe kakumpulkeun beungkeutan siki siki buah koneng loba pisan.
Ku kajadian eta aki jeung nini jadi lieur. Meunang hasil loba pisan dina waktos tereh. Tina buah saadahan. Salain eta naon anu maranehna boga teu acan nyaho naon jeung naon ngarana eta buah teh.
Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan teu acan kenging kaputusan kanggo masihan ngaranna. Sahingga ujug ujug nini ngusulkeun yen kusabab aki jeung nini bingung teu tiasa aya kaputusan jeung hese kanggo milihna, anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah eta the disebut make ngaran “Pare”(padi).

Akhirna anggeus carita the. Jadina ayeuna ditatar sunda nu dimaksud sbg Nagara Buana Panca Tengah, jadina ayeuna tangkal jeung buahna anu dimasad disebut “PARE”, nu mangrupikeun cita-cita Dewi Sri Pohaci Long Kancana kanggo ngalengkepan hirup nu disebut “CIHAYA”. Kusabab kitu jalmi jalmi sok nyebutna Dewi Padi nyaeta Dewi Sri.

SASAKALA SANGKURIANG

Dina hiji mangsa, di Tatar Sunda. Kacaritakeun hiji indung, Dayang Sumbi, nitah anakna Sangkuriang, sangkan ngala kijang. Dayang Sumbi teh geus lila teu ngadahar ati kijang.
Isukna, wanci carangcang tihang, Sangkuring geus saged, dibaturan tumbak binang jeung Si Tumang. Norobos tuluy ka tengah leuweung. Ceuli jeung panonna cingceung ngadedengekeun korosakna dangdaunan jeung ngintip-ngintip sang kijang. Aneh, bet taya kijang nu ngalanto sahulu ge. Haneut moyan, taya. Pecat sawed, lebeng. Tengah poe, komo.
Wanci lingsir ngulon, Sangkuriang nyamos keneh. Waktu maju ka burit, tuluy reup-reupan. Leuh karunya teuing ambu, teu tulus ngadahar ati kijangna, kitu dina pikirna. Lalay nu geus rabeng mingkin ngaganggu pikiran Sangkuriang. Ret ka Si Tumang nu keur ungas-ingus rada jauh ti manehna. Sakilat, tumbak dilempag, gaiiikkkk! Si Tumang rubuh.
Wanci sareureuh budak, Dayang Sumbi langsung ngasakan ati beubeunangan ngala anakna. Tuluy duaan dahar balakecrakan. Bari dahar, Dayang Sumbi nanyakeun Si Tumang. Ku Sangkuriang dijawab satarabasna.
Gebeg teh Dayang Sumbi! Teu antaparah, sinduk celem gigireunana dijeuwang. Peletak ditakolkeun kana sirah deukeut tarang anakna. Getih ngaley lalaunan. Tuluy Dayang Sumbi ngusir Sangkuriang, titah nyingkah ti imah.
Bari mawa kapeurih ati, Sangkuriang leumpang bari tungkul ninggalkeun imahna. Cipanon ngalembereh. Getih nu ngaley disusut lalaunan. Dina hatena tumanya. Ku naon ambu teh, meni sakitu ambekna? Pira ge anjing, naha meni kudu ngusir anak? Kamana nya awaking kudu ingkah? Indit kamana atuh? Sakieu geus peutingna?
Sukuna terus ngalengkah ka wetankeun. Ka wetankeun. Ka wetankeun.
Di tengahing perjalananana, teu karasaeun waktu baganti. Sapoe. Sapuluh poe, dua puluh poe, tilu puluh poe. Sapurnama.  Dua purnama. Tilu purnama. Dua belas purnama. Sawarsa. Dua warsa. Tilu warsa. Dalapan warsa.
Sangkuriang geus jadi pamuda nu kacida kasepna. Dedegna tanggoh, dadana bangbang. Sukuna panceg, kayakinanana tohaga.
Hiji mangsa di hiji tempat, bet manehna papanggih jeung hiji wanoja nu kacida geulisna. Manehna katarik atina, tuluy wawanohan. Duanana horeng pada-pada katarik atina. Ahirna duanana jangji rek rumah tangga.
Tapi, dina hiji waktu, nalika eta wanoja ngusapan buuk papacanganana, kacabak aya urut raheut dina sirah deukeut tarang. Tuluy ditanyakeun ka Sangkuriang ku naon alatanana. Hatena geus teg bae, nu di hareupeunana teh taya lian ti anakna pituin.
Barabat Sangkuriang nyaritakeun asal musababna. Ranjug Dayang Sumbi! Tuluy manehna nerangkeun, saha dirina. Tapi Sangkuriang teu percayaeun. Keukeuh teu percayaan. Ahirna Dayang Sumbi menta tanjakan, daek jadi bojo Sangkuriang asal disadiakeun talaga parahu keur lalayaran. Sangkuriang ditempoan sapeuting kudu migawena. Tur kudu anggeus memeh bijil panon poe. Sangkuriang bari ambek nyanggupan pamenta Dayang Sumbi.
Sagala rupa kakuatan dikumpulkeun ku Sangkuriang. Talaga geus ngajadi, kari parahu sakeudeung deui anggeus.
Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna. Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung. Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir, Dayang Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar supaya siga wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.
Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat tingarudat.

Ngagidir amarahna. Teu antaparah parahu nu rek jadi teh ditalapung satakerna. Parahu ngalayang ka jauhna. Gubrag murag tibalik! Lila ti lila eta parahu nangkub teh jadi gunung: Gunung Tangkuban Parahu!***

AJI SAKA

Disadur kana Basa Sunda kenging: Yiyin Jayinah Kacarioskeun mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung jarang kasorang k...