Wednesday 3 March 2010

Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau



Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh. Rincian Dongeng: Tema : Perang Duduluran Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau Bahasana : Lemes Aur/plot : Ngagunakeun alur maju Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana Watek palakuna : Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana. Raden Sundana = Sarakah Raden Topobrana = Embung ditindes Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon. Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.

8 comments:

  1. Haturnuhun pisan...

    upami te aya blog ieu duka kumaha tugas abi..

    hehe ^_^ nuhun pisan.....

    ReplyDelete
  2. oh enya kitu? waaah, jadi resep kana dongeng euy?

    ReplyDelete
  3. nuhun pisan kang dongeng na, abdi nembe maos cari ieu mah

    ReplyDelete
  4. Kalau mau buat ringkasannya gimana? Tolong dijawab

    ReplyDelete
  5. maaf ya karyanya kami kopas

    ReplyDelete
  6. Kak mohon maaf saya mau tanya nama kakak siapa ya? Karena ini buat keperluan literasi saya kak, terima kasih

    ReplyDelete
  7. Makasih dan ijin copas buat tugas bahasa sunda

    ReplyDelete